Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/49

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

kadijeu, koe girang kaka dek ditjipta, didjijeun leutik, hajang asoep kana tjoepoe manik, bisi dirĕboet koe moesoeh.”

Tidinja njai Nimbang Manik dihatoerkeun koe Praboe Goeroe Gantang ka Gadjah Loemantang, ladjoe dileutikkeun, kari sagĕde katjang herang deui. Boes diboenikeun kana tjoepoe manik sarta diasoepkeun kana kandoengan.

Tidinja Gadjah Loemantang matoer deui ka Praboe Goeroe Gantang: „Owah, girang adi, koemaha ajeuna, dek miloe atawa mohal, girang kaka dek ka sisi nagara nangtang pĕrang ka Praboe Singa Kombala di pasanggrahan?”

Ngadjawab Praboe Goeroe Gantang: „Owah, soehoenan kaka, geus tangtoe girang adi ngiring, hajang belapati djeung doeloer.” Tidinja bral Gadjah Lamoentang djeung Goeroe Gantang angkat ka kalang paradjoeritan, deukeut pasanggrahan Singa Kombala. Nja didinja ladjoe nangtang pĕrang ka noe keur tjalik di pasanggrahan, pokna: „Soegan aja lalaki di poesĕr boemi lalanang di kolong djagat, lamoen bĕnĕr radja Madjapaït wani, geura kadijeu oerang pĕrang!”

Kadenge ka pasanggrahan koe adina Singa Kombala, ladjoe matoer ka kakana; pokna: „Sapoen, girang kaka, eta sora nangtang pĕrang, menak ti nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, koemaha ajeuna dek dilawan atawa mohal?”

Tjik Singa Kombala: „Owah, girang adi, geus tangtoe dilawan, dja girang kaka geus nijat ti baheula hajang pĕrang djeung oerang nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”

Tidinja Singa Kombala miwarang ka Badak Sanggora ngalawan pĕrang. Toeloej Badak Sanggora dangdan, noeroenan ka kalang paradjoeritan, gĕr pĕrang djeung Praboe Gadjah Loemantang. Ting siripit sora kĕris, ting galondjrang sora pĕdang; papijoeh paädoe poejoeh, pageleng paädoe tjeleng; silih banting, silih doepak; pada saroewa kahotna, saroewa bĕdasna.

Barang geus kĕbĕl pĕrangna, golojoh Badak Sanggora kasamboet koe Gadjah Loemantang datang ka paeh.

Dĕr deui bae Gadjah Loemantang nangtang ka Praboe Singa Kombala, pokna: „Ajeuna aing hajang pĕrang radja pada radja, sakti pada sakti, wĕdoek pada wĕdoek!”

Tidinja ditoeroenan koe Praboe Singa Kombala ka kalang paradjoeritan. Dĕr pĕrang pageleng tjangkeng, pabeulit bitis, silih doepak, silih tondjok. Teu lila golojoh Gadjah Loemantang paeh kasamboet koe Praboe Singa Kombala.