Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/47

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

VII.

LALAKON GADJAH LOEMANTANG.

——————

Katjaritakeun Gadjah Loemantang djadi radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, djeung kagoengan saderek istri djĕnĕnganana njai Nimbang Manik. Ari tjarogena njai Nimbang Manik Sangijang Goeroe Gantang.

Toenda heula tjaritana Gadjah Loemantang; njaritakeun ponggawa di nagara Madjapaït djĕnĕnganana Singa Kombala. Ari saderekna istri djĕnĕnganana njai Sĕkar Kombala. Eta ponggawa di Madjapaït ngĕrsakeun ngandih nagara ka Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.

Tidinja ponggawa Singa Kombala njaoer ka saderekna njaï Sĕkar Kombala, saoerna: „Owah, girang adi, ajeuna girang kaka kabangbing sakit, kabingbang hajang, katolodjo sono, hajang ngandih nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”

Tjik njai Sĕkar Kombala:

„Owah, girang kaka, oelah, sabab di nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah oge aja radja-än, nja eta noe kasep Gadjah Loemantang.”

Tidinja njĕntak Singa Kombala ka njai Sĕkar Kombala:

„Ideuh, indji. kadjeun aja radja-än oge, dja aing ge radja gĕgĕden.”

Tidinja njaoer pamoek pĕrang di nagara Madjapaït noe djĕnĕngan Badak Sanggora:

„Aeh, aeh, indji, toeroetkeun, oelah dipoengpang.”

Toeloej Badak Sanggora njaoer ka si Lengser: „Amboeïng, Lengser, ajeuna koedoe njijeun djalan ti Madjapaït tĕroes ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, koedoe anggeus poë ijeu.”

Tidinja si Lengser nakol bĕnde kaboejoetan boengkoel boengoer, beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang dalapan boelan. Doek, tjengengeng. Geus kitoe koempoel hijangan paragĕlangan, parajaji toedjoeh poeloeh, widak widak pihoema-än ka nagara Madjapaït, sabab ngadenge sora bĕnde.