Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/44

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

teuneung loedeung, geura pangseuhkeun lalanang di kolong djagat lalaki di poesĕr boemi!”

Toeloej Kidang Panandri toeroen ngalawan pĕrang. Dĕr pĕrang tandingan; boek; bĕk, doer, dĕr, silih beubeut, silih gĕntjet. Ting harijoeug sora doehoeng, ting siripit sora kĕris, ting dorokdak sora toembak, ting golodjrang sora pĕdang. Toengtoengna ratoe Noesa Bali djeung para ponggawa asoep oeloen koemawoela ka Raden Kidang Panandri. Tidinja noe geulis Ratna Bali njoenggoeh njĕmbah ka Raden Kidang Panandri, njoehoenkeun dihiroepan kabeh lalajon di Noesa Bali.

Didjampe koe noe kasep Raden Panandri, ting koredjat deui, haroedang kabeh babatang di Noesa Bali, asoep oeloen koemawoela ka Raden Kidang Panandri. Toeloej tjaralik ka padalĕman di djalan marapat opat.

„Adeuh, girang praboe lantjeuk, koemaha dek lĕmboer matoeh dajeuh maneuh di nagara Noesa Bali?”

„Adeuh, girang adi, hĕnteu, girang kaka hajang balik ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”

Tidinja bral angkat ti nagara Noesa Bali, pindah ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut; tjaretjet kajaning otet, njaroengnjoeng kajaning reunjoeh, ngiring noe kasep Raden Kidang Panandri ponggawa di nagara Pasir Batang. Djĕboel soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir; para pawistri tjalik ka padalĕman, para lalaki gek tjaralik ka babalean.

„Adeuh, patih Koeda Lengser, eta si dawoek si moending boeloe hiris si koeda si boeloe landak asoepkeun kana gĕdogan.”

„Adeuh, girang soehoenan, koemaha, ajeuna geus aja pamoendoet girang si teteh, koemaha ngadogdog njijeun arotan ngadadak njijeun karija?”

„Adeuh, girang adi, toeloes, tapi koedoe ditejangkeun koe patih Koeda Lengser.”

Djĕboel Lengser datang ka nagara Koeda Djajang Sari.

„Adeuh, Lengser, kami mohal taloek ka ponggawa di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”

Toeloej si Lengser balik matoer ka girang goestina: „Pangampoera, doenoengan, oerang Pasir Batang Karang Tĕngah mohal taloek bae.”

„Adeuh, Lengser, lamoen teu daek taloek, dek ditejangkeun, dek ditjoendoek lĕboe datang pĕrang.”

Tidinja bral angkat noe kasep Raden Kidang Panandri ka nagara