Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/43

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

rakrakeun, hajang panghiroepankeun girang kaka, soegan daek asoep oeloen koemawoela ka girang goesti.

Tidinja didjampe koe Raden Panandri, koredjat, hoedang, asoep oeloen koemawoela. „Adeuh, girang goesti, rampes tjalik ka padalĕman.”

Tidinja bral angkat Raden Panandri djeung Praboe Noesa Djĕnggi ngadjoegdjoeg ka Noesa Bali, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut. Grĕdoeg soemping ka djalan marapat opat. Toeloej ngadĕgkeun pasangkrahan di djalan marapat opat; pada tjalik hijangan paragĕlangan ti Noesa Djĕnggi, ngalijoeng lijoeng praboe ngadjaga djaga para menak.

„Adeuh, pangiring pangiring kabeh, toenggoe bae di pasangkrahan, aing daek asoep ka djĕro nagara Noesa Bali.”

Bral angkat Raden Panandri ka djĕro nagara, bari masang tabe, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe mah moengkoereun. Kasondong tjalik di padalĕman pawarang di nagara Noesa Bali. Kagoda koe noe kasep Raden Panandri.

Tidinja kasondong boro noe anom, padeuleu tineung noe loedeung, pakewat mata noe ngora.

Heubeul heubeul njai Ratna Bali menta dikawin ka Raden Panandri. „Adeuh, girang njai, mangga, tapi lamoen dibikeun tjotjoöan di nagara Noesa Bali moending boeloe hiris koeda boeloe landak, sok girang raka ngawin ka girang si njai.”

„Adeuh, girang raka, soemangga, tapi dibawana oelah oelin djaoeh teuing, koedoe koeliling di pipir boemi katjatjang katoekang desa.”

Tidinja ditoenggangan brabat ka wetan, droegdoeg ka kidoel; sĕmproeng dibawa minggat ka djalan marapat opat.

Matoer girang si adi ka girang kakana: „Adeuh, girang kaka, oerang kapalingan koeda boeloe landak moending boeloe hiris.”

Poendoeng girang kakana ka girang si adi: „Adeuh, girang adi, nja ajeuna diteukteuk beuheung tigas mastaka, sabab girang si adi ngingoe semah teu bema teu bewara ka girang si kaka.”

„Owah, girang kaka, oelah paringgasong teuing ka girang si adi; toengtoengna tjotjoöan dipaling deugeun, doeloer dipaehan; ari panasaran, tangtang bae kana batoe woeloeng kalang paradjoeritan.”

„Adeuh, nja bĕnĕr girang si indji, loba kapopoösan bae, ajeuna mah dek njoba dadahoelatan ditangtang.” Toeloej nangtang: „Lamoen