Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/42

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

„Adeuh, ajah, koemaha kami hajang oelin ka nagara Noesa Djĕnggi, koemaha ratoena di Noesa Djĕnggi hade ka semah atawa hĕnteu?”

„Euh, oetoen, ratoe Noesa Djĕnggi lamoen beurang daharna tangange, dahar peuting tĕngah peuting; ngadagoan sare semah.”

Bral angkat noe kasep Raden Panandri, madjoe djalan noe notog ka djabakoeta; groedag soemping kana babatoe woeloeng di Noesa Djĕnggi. Raden Panandri haok sĕntor nangtang ka radja Djĕnggi, djĕnĕngan Ponggawa Ratoe Djĕnggi: „Soegan aja lĕmboe woeloeng beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njangtjang, toeroen lalakina di nagara Noesa Djĕnggi!”

Kapiliskeun kaänginkeun ka noe geulis Ratna Djĕnggi. Njaoer noe geulis Ratna Djĕnggi ka rakana: „Euh, girang kaka, boga dosa naon, girang kaka, bĕt eta sora noe nangtang. Adoeh, girang kaka, sora ponggawa ti nagara Pasir Batang, hajoe oerang geura maboer masing djaoeh, geura leumpang masing anggang; lain lawaneun, loba doekoen hĕnteu mampoeh, loba paradji teu mahi, lain lawaneun sakoedjang doewa koedjang.”

„Adeuh, girang adi, moemoel teuing oendoer koe moesoeh, leumpang koe lawan, ninggalkeun nagara, mohal warang woeroeng dilawan.”

„Adeuh, girang raka, mangsing amit paraniti masing bisa paratjeka, sabab Praboe Panandri lain lawan lawaneun.”

Angkat ratoe Djĕnggi maranan ka moesoeh; ngoejoengkoeng sorenna doehoeng, ngajangkang sorenna pĕdang.

Tidinja der pĕrang tandingan Praboe Ratoe Djĕnggi djeung Raden Panandri. Boek, bek; silih banting, silih djĕdjĕk, silih doepak, silih pĕdang pinĕdangan.

Adeuh, kadijeu koelit dingding poerasani, seor koelit singkajoanana, soedoek maroe tinggang baradja goerilingan djĕkek, bloek nangkoeban, blak nangkarak, golojoh Praboe Djĕnggi, kasered papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, patjentang lalawanan; dirawoe soekoena Praboe Djĕnggi koe Raden Panandri, dialoengkeun ka manggoeng, dioelangkeun ka awang awang, disabĕtkeun, golepak babar karahajoeanana.

Bloes asoep Raden Panandri ka djĕro nagara Djĕnggi, nangtang deui: „Soegan aja koela kadang barajana geura pangseuhkeun kadijeu!”

Taloek bae sadjĕroning nagara Djĕnggi katoet njai Ratna Djĕnggi, asoep oeloen koemawoela, njanggakeun beuheung teukteukeun, iga