Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/39

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

VI.

LALAKON KIDANG PANANDRI.

——————

Katjaritakeun Kidang Panandri, noe tjalik di Padjadjaran ngasoeh ratoe njajak menak; ari pawarangna Ratoe Manik Raga Geulis Nimbang Leuwi Ĕmas Pagĕntjajan. Di kiriman teuloe pandakawan: patih Koeda Lengser, Mama Loerah djeung Hatoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Hĕnteu Tinggaleun.

Tjalikna di pakĕmitan, marĕk tapa ka girang goestina. Toeloej njaoer girang goesti ka pandakawan: „Owah, Mama Loerah, mangsing amit paraniti, mangsing raksa paratjeka, ngadjaga diri koe mantĕn.”

Tjek Mama Loerah: „Owah, pakoelat kĕris malaman ka sarangka, sarangkana beulitkeun kana beuheungna, papada paeh oge katoeng, koelan.”

„Alah tjĕlĕkak papatah di mana, kĕris di malaman ka sarangka, sarangkana warang woeroeng teu beunang ditarik.”

Tjek Mama Loerah: „Haideuh, sarangka ge sarangka boentoet, beuheung ge beuheung landejan.” Didinja tĕtĕp pandakawan ngaraksa banda girang goestina.

Katjaritakeun dahoewan dalĕm tjalikna di babalean, tjalik dina lampit poetih, reu-eus meureun kewat meureun, dja nagarana kewat kabawa koe desa, noe poerah nanggoel sagara goentoer, nambak sagara gĕni, poerah ngoeloeng koe padoeng, ngoelang koe pĕdang, noe mangpeng manggale ka parentahna.

Tidinja najaka dahoewan dalĕm ngadjaga girang parentahna. Toeloej njaoer ka patih Koeda Lengser: „Amboe, Lengser, mangsing amit paraniti, mangsing bisa paratjeka, ngaraksa diri koe mantĕn; koeta langlang sapeuting toedjoeh kali sabeurang toedjoeh kali. Noe bolong tjebok noe tjarangtjang lanat.” „Haideuh, goesti, kakara dilanglang pĕrkara koeta reugreug pageuh soemĕdja djaja pĕrangan.”