Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/38

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

kai Loerah Tjapeu Langrang ngajakeun bejas opat timbang djeung moending sarakit Ki Ngabeui Kalang Patih ngajakeun bejas doewa timbang djeung moending kabiri sidji.

Kai Ĕntol Kokoronotod ngajakeun bejas satimbang djeung moending bibit sidji.

Kai Raden Serenggelek ngajakeun bejas opat koelak djeung kotok kabiri doewa, ondangan ka djĕro nagara Pasir Batang Oemboel Girang. Ritjit baris nini nini, rewak baris randa randa, hijangan paragelangan, roengroeng ngarijoeng hidji djĕlĕma toempĕng opat angeun tjaäh babandjiran koempoel di djĕro nagara. Kotjapkeun noe kasep Panambang Sari djadi lalaki di poesĕr boemi lalanang di kolong djagat kalang dadana di nagara Pasir Batang Oemboel Girang, tĕtĕp ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran. Noe poerah noenggoe moesoeh, ngadjaga lawan, poerah nanggoel sagara goentoer.

Rĕnjĕp reuhreuj halimpoe toeroen poetoe, rĕntang poetra di nagara Pasir Batang.


——————