Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/37

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej dahoewan dalĕm nindak deui ka nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, nganteurkeun anak anakan kantjana. Tidinja dihatoerkeun ka njai Raga Geulis Dewi Toelis, ditanja deui daekkeun hĕnteuna ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.

„Amboeing, saĕnjana mah kami lain koe hajang ka anak-anakan kantjana, dja geus boga djangdji djeung oerang nagara Gĕgĕr Handjoewang Bale Pamĕngkang Loewar patih Djajang Sari.”

Ari kakana Raga Geulis Dewi Toelis djĕnĕngan patih Landjar Sari, tjalik di nagara Gĕgĕr Handjoewang Pamĕngkang Loewar.

Poendoeng Praboe Dĕmnang Koemitir, ladjoe dirawoe Raga Geulis Dewi Toelis, diasoepkeun kana kandoengan, dibawa ngaloentjat ka boeroean, bari nangtang pĕrang ka patih Landjar Sari djeung patih Djajang Sari.

Ditoeroenan koe eta ponggawa doewa. Dĕr pĕrang tandingan, golojoh eleh paeh patih Landjar Sari djeung patih Djajang Sari. Tidinja dihiroepan deui koe Dĕmang Koemitir, ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.

Barang geus taloek dibawa deui moeroed ka nagara Pasir Batang Oemboel Girang. Toeloej pawistri ti Pasir Batang dihatoerkeun ka poetra dalĕm Pasir Batang Oemboel Girang. Toeloej ngadogdog njijeun arotan, ngadadak njijeun karija, nanggap salawe papadon balandar salawe tĕmpat djeung balandar loewar opat poeloeh pĕpĕntoel pake papatjoelan panggang pake babalangan, bawaning rame karija.

Katjaritakeun eukeur sidĕkah di nagara Pasir Batang Oemboel Girang, ngoewar ka pihoemahoemaän.

Njaoer patih dalĕm ka Koeda Lengser: „Owah, Lengser, ajeuna ngoedoe ngoewar ka piwidakan pihoemaän.”

Toeloej patih Koeda Lengser ka sangijang balandongan, bĕnde koneng kaboejoetan katjandak boengkoel boengoer beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang toedjoeh boelan, tibakeun ka boedjal, bende koneng kaboejoetan; doeg doeg bĕng koewoewoeng, njosor ngalawong sorana ka piwidakan pihoemaän, tjek tjok tjewoh hada ki silah asa neumoe ila ila djagat neumoe toendoen ngoepoek tondeh ngoser.

Ideuh, ki silah kitoe kitoe bae mah, soegan lain ila ila djagat nja meureun parahoeloe, hada kisilah sok simadjarkangaing noe neumoe ila ila djagat teja mah, neumoe areuj di boewah peuteuj.

Ideuh, ki silah soegan lain ila ila djagat kitoe, kitoe bae mah soegan boewah tjarijoe. Wĕrta wĕrti kalamari aja boedak santri ti djĕro dajeuh dek ngadĕgkeun karija arotan. Gĕgĕdena di pihoemaan