Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/35

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

V.

LALAKON PANAMBANG SARI.

——————

Radjahna: Moela awaking make pasang pasadoean, sadoe ka loehoer ka handap, ka loehoer ka sang roemoehoen, ka batara, noe di manggoeng, ka noe wĕnang njoetjoek ngiboen, ka handap ka Sang noergaha, ka Batara Naga Radja, menta pangapoengkeun sora, awaking menta agoengna palaloen, menta pandjang panghampoera, sadoe awaking dek njaritakeun tjarita pantoen.

Ratoe noe oendoer ti lĕmboer, menak mintar ti nagara ti Pakoean Padjadjaran, ngoembara ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang kĕrsa moetrian ka pawistri nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, soeka boengah garaita, ngamitkeun toewang kakasih, dingarankeunna Praboe Bandaj, patih noe sae Raden Panganten, noe pelag ti Padjadjaran. Pawarangna kakarak sidji. Moela dalĕm soeka boengah garaita, diparĕk koe pandakawan, pandakawan koering kadang dibĕkĕlan Mama Loerah Padjadjaran djeung pangĕmban dalĕm djeung Gĕlap Njawang; tjalik di amben handap di pakĕmitan gĕde dalangdang. Praboe njaoer ka na girang pandakawan: Owah, pangasoeh, aja mangkoek di pakĕmitan gĕde.

„Ideuh, atoeh poegoeh mangkoek mah dja oendoer teu meunang djaoeh, leumpang teu meunang rakmat, ngadasta toewang parentah.”

„Mangsing apik paraniti, mangsing bisa paratjeka, ngaraksa ka goesti kita sĕrĕta diri di manten.”

„Nja sabeunang beunang meureun di raksa.”

Katjatoerkeun moela dalĕm noe keur soeka boengah garaita di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang; pawarangna Ratoe Manik Nimbung Leuwi Ratoe Emas Kalĕnglĕman. „Owah, mas padoenoengan, simadjar ka ngaïng hajang sare ti pojan.”

„Amboeïng, rampes, onam ebog ka pangkonan badan koering.”

Kĕlĕkap sare poetra dalĕm dina pangkonan Ratoe Manik.

Geus kitoe poetra dalĕm boga palamatan ngimpi wawoeh djeung