Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/34

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

moen menak leumpang; sok mĕloetna gagaman agoeng, saha noe ditoeroet sahoer, noe didenge tjarek noe bagoes patih Gadjah Haroeman, ĕmbat ka dahoewan dalĕm noe bagoes patih Koeda Kantjana, bat moen Pangeran Galoedra Kantjana, seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, bat moen doenoenganana noe geulis si Lenggang Wangi djeung Lenggang Kantjana, noe geulis Nimbang Kantjana, pawistri Lenggang Wajang.

Katjaritakeun ponggawa ti Koeta Gangsa Gagak Wira Panggoeng, Mama Loerah pangĕmban dalĕm sisĕlap sirĕmban, diiringan koe ijangan paragĕlangan, widak widak sangrama. Goeroedag ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.

Ideuh, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun.

„Owah, girang adi, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemedja toenggaling gĕna, gorodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik, rampes, ngalĕmar, soegan seureuh tajoeng geureung apoe tawe sesa bae.”

Tjalik ka padalĕman, baris ponggawa ponggawa ngeusi ka babalean. Lir para ajoe pakoempoelan, para landjang pakĕmbaran, loba denok poponggolan, soeka boengah garaita, soeka boengah wajang tapa seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran. Ngabaris baris padjoerit, ngadjadjar djadjar baris pĕpĕrang, kaanggitan koe prijaji boemi. Nja didinja noe kasep Koeda Wangi djadi lĕmboer matoeh dajeuh maneuh boemen boemen di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Meunang anak baranahan, bidjil eutjoe para poetoe.


——————