Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/33

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

tjang, mangsana pĕrang arotan.” Der pĕrang rame papijoeh paädoe poejoeh, padoepak mĕrak; silih soedoek, silih banting, prok babatokna, prek tangkorek; ditoedjahkeun, golojoh noe kasep Moending Singsing Dĕgdĕg Kĕling eleh koe noe kasep Koeda Wangi. Tidinja noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur, tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, asoep doewa, asoep teuloe, asoep gĕnĕp ngoerĕn ngoerĕn, asoep toedjoeh noengkoe noengkoe, asoep soekma kakoeroengan, lilir tanghi, koendang koredjat, hoedang.

„Ideuh, girang si adi, moen dek noengkoel mangsing poegoeh, moen dek ngalawan mangsing ajeuna, ngaleret asa mĕndĕm; sarangenge teu moeloek sagĕde boeoek, teu neuteup sagĕde beunjeur.” Toeloej asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Koeda Wangi.

Tidinja matoer ka patih Dĕmang Kandoeroewan, moemoel ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran ti nagara Pasir Batang Karang Tĕngah.

„Ideuh, girang adi, pariksakeun ka Pasir Batang Lĕmboer Hilir ka patih Gadjah Haroeman, sina dibawa bae kadijeu.”

Bral leumpang patih Gadjah Haroeman. Goeroedag datang, masang tabe kalimborot kadiga mongtot, katoentjar parandjang gagang, bageja soemping tjalik ka girang si indji. Toeloej pawistri pawarang dalĕm nĕpoengan ka patih Gadjah Haroeman.

„Ideuh, girang si kaka, aja naon pibedjaeun, sasari teu ari ari, bareto teu elok elok, sasab sempar ka tĕbeh dijeu?”

„Ideuh, girang indji, lain naon naon, dja noe kasep Koeda Wangi geus aja di Pasir Batang Lĕmboer Girang, soeroedan pĕrang galitoek, seredan pĕrang bĕrame rame.”

Matoer ka girang kakana: „Owah, koedoe moeroed salĕlĕmboer, koedoe mintar sanagara.”

„Owah, ĕnja tĕmĕn deui lamoen sakitoe pĕtana, koedoe moeroed salĕlĕmboer, koedoe mintar sanagara.”

Leret ka Koeda Lengser, tjandak boeugkoel boengoer beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, aralang hantap heulang beunang ngagarang salapan boelan, aloengkeun ka manggoeng, oelangkeun ka awang awang, giriwis kapoehoen tjeulina. Doeg, doeg, ngoeng, koempoel hijangan paragĕlangan, dek noeroed peungpeung isoek, sĕndal peungpeung beurang, halangan kaboeritnakeun. Tjandak marijĕm gĕde, seungeut koe njameër, sampar koe dampal. Dĕg, dĕg, gĕlĕgĕr, broel pajoengna, bral kipasna, sok ngĕlak goöng padengdang tatamoe, moen ratoe moeroed tanghara,