Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/32

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Tidinja Koeda Wangi ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, niis deui ka mega njodor. Katjaritakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang lengreng ponggawana doewa. Ari pawistrina Ratoe Manik djeung Lenggang Haroeman.

Njaritakeun oerang Goenoeug Teuloe, ponggawana Moending Giringsing Dĕdĕg Kĕling Aria Soetra Pandjaling. Ari hidji deui Koeda Malela djeung Tjandri Malela; pawistrina Lenggang Malela djeung Poetjoek Sari Ratna Wĕntang; ngandih nagara hajang ngadoenoeng ka noe geulis Lenggang Haroeman.

„Ideuh, girang praboe, mohal hade; oerang bikeun bae si indji.”

Toeloej ngandang kahijangan paragĕlangan, ngajakeun goöng toedjoeh bangoenan djeung angkloeng salawe tatapan, ngadĕgkeun karija.

Kadenge ka mega malang koe Koeda Wangi sora tatabeuhan.

„Ideuh, naon ijeu pigaragaraeunana ngagoeroeh sora tatabeuhan djeung sora noe tjeurik?”

Toeroen deui noe kasep Koeda Wangi ti mega malang ka nagara Pasir Batang, kasampak noe geulis Lenggang Haroeman keur nangis: „Kamana beubeureuh aing noe kasep Koeda Wangi? Geus djangdji pasini pasangsoebaja, kamana hiridangding na sabarang parana? Ideuh, girang si kaka, lamoen tigin ka djangdi, bela ka lisan, geura soempoetkeun girang si indji.”

Toeloej digelengkeun sagëde katjang, diteundeun dina ĕlak-ĕlakan Koeda Wangi. Aeh, hajang ngaboeboentjir beuteung ka djĕro nagara, ngadjadi angin leutik kana pameuleuman, pek njĕlangan ngoromong sakeudeung.

Ideuh, aing hajang miloe njĕpah ka panganten, njoesoen beunangna ngaloekoen, njeksek beunangna nektek, dengdekkeun ngagawing doehoengna dikeureut kana pingping; serewel teurak dipaoet seot katjongo, sirisit kabeuti. Toeroen noe kasep Koeda Wangi, top njokot hoeloe kĕbo.

„Lamoen aing asak sakti asak tapa ti boeboedak, masing djadi noe geulis Lenggang Haroeman.”

Djlĕg djadi noe geulis Lenggang Haroeman gahgah seuri: Kakangaing kakang goeroe, kasilib boedi katjakra tinggal koe papada boedak ngora.

Ladjoe noe kasep Moending Singsing Dĕgdĕg Kĕling nangtang pĕrang ka noe kasep Koeda Wangi. Toeroen Gagak Malela djeung Tjandri Malela, teu mahi deui bae. „Seuh mangseuh lamoen loedeung, soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njang-