Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/31

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

gĕnan digiling koe pingping, digalang koe dada, onggeng onggeng kadiga birit, noe njiktjrik digoeloeng koe banteng, digĕdag koe badak, salapan hĕnteu gedag gedag atjan, pantĕs moen djangkaran ka sapatala.

Ideuh, lain koe kitoe, girang adi, geureuh geureuh sawan geureung boeboer nja kapadjaoehan, sendok tangan pangawasana barabat djĕbat berebet djĕbet kapalare amat milare, boegang disabĕtkeun, prok babatokna, prek tangkorekna.

Tidinja adina njaoer: „Kakang aing kakang goeroe, hajang inenta panghiroepankeun.” Asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Koeda Wangi, noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur, tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, asoep soekma kakoeroengan, koredjat hoedang.

Tidinja mah asoep oeloen koemawoela, naloekkeun dirina djeung rahajatna.

„Ideuh, lamoen tĕmĕn girang adi asoep oeloen koemawoela poelang ka nagara Pasir Batang boro girang si indji noe geulis Lenggang Wangi; ari pangawakan mah teu deuk poelang. Dja tanggĕl keneh pilalakoneun, ngaleut ngaleut nganjareundjeut pindah ka nagara Pasir Batang.”

Noe kasep Koeda Wangi leumpang saparan-paran noetoerkeun indoeng soekoe; goeroedag ka Goenoeng Malela. Didinja noe kasep Koeda Wangi eureun, toeloej angkat kadjĕronagarakeun, bari moepoe kĕmbang mapaj tadjoer, noe djaoeh direundoek, noe anggang direngkas, noe haneut geusan tatap beuteung. Didinja ngĕmbarkeun sirĕp noe bagoes Gagak Wirapanggoeng Djaja djeung deui Gagak Malela.

„Aing dek ngalalar ka babalean, ideuh, indji bakal kaändjangan semah geura oendoeran.”

„Aeh, girang kaka, tjoba oerang sampeurkeun.”

Girang si indji dirawoe, dikandoeng sadoewana beseset kana kandoengan.

Tidinja ditanghikeun girang kakana; djĕmpling teu ngadjawab. Tidinja doer der ngamoek përang, silih soedoek uoengkoe noengkoe; kirintjing sorenna kĕris, golondjrang bawana pĕdang, droengdoeng sorenna doehoeng, silih banting silih kadek; golepak Pangeran Gagak Malela, eleh pĕrangna; prok babatokna, prek tangkorekna, ditoedjahkeun langgosar.

„Ideuh, girang si kaka, koedoe dihiroepan, girang si adi soegan daek asoep oeloen koemawoela.”

Hĕmpak taloek ka noe kasep Koeda Wangi.