Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/29

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

tjang, soegan aja lalaki mĕndi lalanang djagat, lamoen beubeur hajang padjeueung, lamoen bebene hajang papangantenan, kateumoe nanggoeng hajang tjentang pĕrang lalawanan.”

Njaritakeun di nagara Noesa Bini Raga Geulis Ratna Sanggini matoer ka ratoe Noesa Bini: „Ideuh, praboe lantjeuk, boga atawa hĕnteu dedengean? girang si adi noe boga dedengean, tjoemĕloek lain wawangkoe, tjoemĕlak lain heulang pakan koendang; eta mah tjoemĕloek ngadjak poepoes, tjoemĕlak ngadjak hilang.”

„Ideuh, girang adi, dimana eta noe tjoemĕloek ngadjak poepoes, tjoemĕlak ngadjak hilang?” —

„Ideuh, girang kaka, dedengean badan adi dina babatoe woeloeng dina kalang padjoeritan.” —

Tidinja ditoeroenan koe ratoe Noesa Bini, babatokan wakoe gadoeng, katodjo mah nja aja pimoesoeheun: seuh mangseah lamoen loedeung, tjek ngadek lamoen daek, moemoel miheulaan girang si adi mah.

„Ideuh, girang adi, teu milih kasihkeun, pandeuri daek, tiheula daek, djorogdjog moendoer ka toekang.” Seredet narik panganggo, sok hoeroeng gagaboesan, sok herang kakadapanana, sok lerom beunang njongoan berean soedoekeun.

„Ideuh, girang si adi, sakarĕp nibakeun kakoelit dingding poerasani.” Poek hampoel asa kapoek, awak hampang asa kapas, asa nimang kapas salĕmbar, soedoek maroe ninggang bradja goelingan, djĕkek asa nĕboek karang noenggoel, asa neker karang djahe, gĕmbrang asa njoedoek pandjang soemadi, beusi nĕrak ka koelit, anggoer koelit nĕrak ka beusi. Toeloej moendoer djoewal tanpa ladang, soegan bantĕr pipamoelangeunana. „Sakarĕp nibakeun girang adi, soemangga.” Disoedoek sakali, kadoewakalina bĕntenna boeroelak oetjoet, brak katarandjangan. Toeloej poendoeng ratoe Noesa Bini, lemek ponggawa sora pawistri:

„Ideuh, mohal teu njaho di nagara Noesa Bini euweuh lalakian; ajeuna oerang kaändjangan lalaki; idenh, indji, geura beunangkeun.”

Ngaleut ngaleut ngabandaleut oerang Noesa Bini noemboe noemboe karembong. Toeloej noe kasep Koeda Wangi dilandjakan koe karembong. Toeloej loempat noe kasep Koeda Wangi ka laoet ngarawel leusoeng sapotong pake parahoe datang ka pangkalan.

„Lamoen aing asak sakti ti leuleutik, asak tapa ti boeboedak, mangka adĕg parahoe si pĕlangsari.” Tjlak ditoempakan parahoe loetjoe di laoet; lajar tabak di sagara sok njĕdot njoropot, adat adat oerang Noesa Bini kabeh tabak ngodjaj, dĕr bae ngarodjajan tektek djampe papat landjaran hĕnteu siheuneun.