Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/28

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Njaoer Mama Loerah: „Owah, kasĕlap masing amit paraniti, masing bisa paratjeka, ngaraksa diri di manten.”

Njaritakeon deui noe kasep Koeda Wangi keur tjalik di papanggoengan di alasan Goenoeng Wangi. Toeloej njaoer: „Aeh, simadjar kangaing tea karasan, hajang niis ka mega njodor.” Ngagantoeng tjaiana woeloeng, ngaganggĕng tjaiana giringsing, dikampoehan kampoeh aloes, disindjangan sindjang lesang, na sindjang teu pati lesang, matak titeundeut laleur, tisaradat toema, tidagor aro, disaboekan saboek wajang, boeka tjĕmbang lelengkang wajang soeroentoej, diïkĕtan tjara padjoerit, sok rĕnjĕk beunang nilĕp, sok rĕntjang tadjoer pinangna, moendoet doehoeng ti Gantoengan, kondali sarangka kĕris, montjorong pendok di ganggong, pĕndok ĕmas ginggilapan, manteleng pamĕndak intĕn, dilandejan koe kantjana, pĕti manik beunang ngoekir, oekiran aki Djawirin, direkakeun mĕrak sinting, ditoöng diga dek njongtjong, ditilik diga dek mintih, disoren dikadjongankeun, direunteut na peupeuteujan, dak dĕk kĕbo kapatĕr, kĕbo malang katitipan koeraboena pat gĕnteng hama patang tjangkeng, noe koneng goeloesoer ajoen, noe toeroen gontewang datangna ka lĕmah nangtoeng, ngalĕngga wastoe ngabangkeneng noelak tjangkeng.

Lamoen aing asakti ti leuleutik, ngĕmbang seda di boewana hajang ngambang awang awang, njingtjing tjaiana giringsing, tjawĕt leneng tjara pokek, ngĕmbing langit, njakar mega, ngadeudeul ka Koempaj, boewana lenggok brabat sijat, soemping di tjahajaning angin, tjoendoek di baroengboeng riboet, goeroedag ka Poeatji tjikarapak sejah patapaän hoedjan, toeloej ka pagoeroeh ka pagoentoer ka patapaän goegoer, soemping mipir mipir katoembiri mapaj mapaj tedja tedja, mĕntrang njeleket ka panonpoë, goeroedag ka para memega, ka mega beureum ka mega hideung ka mega si karajoenan, goeroedag ka mega njodor; toeloej niis di mega njodor, noendjoek noendjoek para moenggoe milangan para moehara, ngilik ngilik para boekit; blas ka nagara Noesa Bini. Tentong tĕmbang rawat rantjang ka nagara Noesa Bini. Toeloej njaoer nanja ka dahoewan dalĕm naon mana bagoes bagoes teuing dek ngadjaran, tajoh moen pawistrina geulis, tajoh moen ponggawana kahot. Toeloej ngaloentjat ti mega malang kahandapkeun; brabat brabat loer ti manggoeng ronggea ti awang awang, ngaloentjat ka lĕmah; goeroedag datang golosor kana babatoe woeloeng ka si kalang padjoeritan, nangtang pĕrang tanggeuhkeun djangga mastakana ka djĕro nagara: „Soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njang-