Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/26

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

IV.

LALAKON KOEDA WANGI.

——————

Radjahna: Awaking dek make pasadoean ka loehoer ka sang roemoehoen kandap ka batara batari ka Batara Sewaklarang, ka loehoer ka Sangoembang ka Sangamboeng, tĕroes ka Soekma manglawoeng, ngamitkeun poetra sahidji, noe pandjang pilalakoneun ti wĕwĕngkon koeta, kasang ti mĕrĕdja, boengah larang basa moendoet ti lĕmah loehoer, tingkang ti boemi, santana tĕboek di pangloenggoehan, sampar di pangoembaraän, sĕpi dina pangtjalikanana, njoenggoeh kana kasoer baboet, njanda kana kasang goemĕlar, njarande kana lalangse tjinde.

Katjaritakeun seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran noe djĕnĕngan Praboe Moending Liman ngadoenoengan ka noe geulis Lenggang Kantjana; ponggawa nĕnggang sorangan noe bagoes Pangeran Koeda Kantjana.

Katjaritakeun dikiriman pandakawan Rakĕtjik toelis bangkong pawara pamĕkĕlan boengah larang, bisi ratoe kaewoehan, bisi menak kasangsara di tanah pangoembaraän.

Katjaritakeun Praboe Moending Liman kapalajoe koe itoengan, kandjongdjonan koe paratan koe pawistri ti Goenoeng Wangi.

Bral leumpang sapeupeuting djeung pandakawan. Groedag soemping damping dongkap datang ka alasan Goenoeng Wangi. Tidinja ditoenda di toetoegan Goenoeng Wangi di tegal Ela Kandĕl.

Katjatoerkeun noe kasep Koeda Wangi mikat poejoeh di alasan Goenoeng Wangi djeung adina nji Lenggang Wangi. Ari poejoehna digamahan koe adina nji Lenggang Wangi, poer poejoehna ngapak leungit ilang tanpa karana.

Tidinja ditjarekan adina koe girang si kaka.

„Ideuh, girang kaka, oelah arigangsong teuing di leuweungna di wenteuhna.”

Toeloej ngadĕgkeun papanggoengan, gek tjalik dina papanggoengan. Ditjatoer deui noe ditoenda dina Ela Kandĕl, ditejangkeun koe noe geulis Lenggang Wangi, toeloej dibawa kana papanggoengan.