Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/24

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej noe bagoes Boma Djanggala[1] djeung Soetra Pangajon katoet Poetjoek Sari dibawa pindah koe Paksi Kĕling ka nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagara, asoep oeloen koemawoela ka praboe noe mangkoe lĕmboer, njajak nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah.

Katjaritakeun noe bagoes Boma Djanggala kagoengan piderekan keur tapa di Goenoeng Sala Boewana, dibawa koe kakana Pangeran Naga Boewana ka djalan marapat opat. Barang datang ka djalan marapat opat, toeloej ditoenda didinja.

Ajeuna njaritakeun ponggawa ti nagara Daha djĕnĕngan Mega Koemĕndoeng, ngiwat adina Baloengbang Singa, ladjoe dibawa minggat ka nagara Daha, dibikeun ka adina Mega Koemĕndoeng Ratoe Manik. Kotjap deui Baloengbang Singa panasaran diiwat adina koe Mega Koemĕndoeng, toeloej Baloengbang Singa maranan pĕrang ngaloeroeg taroeng ka nagara Daha. Barang datang ngagĕro Baloengbang Singa, nangtang pĕrang ka Mega Koemĕndoeng:

„Soegan aja lalaki di poesĕr boemi, lalanang di kolong djagat.”

Nja mangdĕr bae pĕrang pakael tjangkeng pateungteung beungeut; silih banting, silih doepak; ditindjoel poendoekna, ditĕpak dadana Mega Koemĕndoeng koe noe bagoes Baloengbang Singa, langgosar.

Toeloej koe Ratoe Manik diserenkeun, menta dipanghiroepankeun deui, soegan daek asoep oeloen koemawoela. Tidinja dihiroepan deui koe noe bagoes Baloengbang Singa, ditjidoehan koe tjidoeh kahoeripan. Koredjat hoedang, ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.

Toeloej dibawa balik deui ka djalan marapat opat adina koe noe bagoes Baloengbang Singa djeung Mega Koemĕndoeng ka njai Ratoe Manik. Ngandjrĕk sakeudeung di djalan marapat opat, ngeureunkeun tjape djeung palaj.

Tidinja angkat deui ka nagara Pasir Ipis, nja dibere ngalĕmar seureuh beusi pinang wadja apoena karang beuleuman. Toeloej dilĕmarna koe Pangeran Naga Boewana, ladjoe diboerakeun ka harigoena Pangeran Radja Sanghara. Pangeran Radja Sanghara poendoeng, toeloej nangtang pĕrang. Dĕr deui pĕrang tjampoeh papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, dibantingkeun Pangeran Radja Sanghara, langgosar. Toeloej diserenkeun deui koe adina nji Maja Sagara, menta dipanghiroepankeun deui. Didjampe koe ikĕmat

  1. Te oordeelan naar het voorgaande moet de pantoenverhaler rioh yereist en desen naam in de plaats yan Baloengbang Singa genoemd hebben.