Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/23

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Njaritakeun di tegal papak di djalan marapat aja ponggawa keur enreun, djĕnĕngan Soetra Pangajon djeung adina, djĕnĕngan Poetjoek Sari. Poetjoek Sari matoer ka kakana: „Ideuh, kakang, itoe semah oerang mana soemping kadijeu?” Toeloej kakana njaoer: „Ideuh, indji, noe kitoe tandjag lelewana mo lain popotolan; djĕnĕng si indji ngadagoan bae didijeu, koe simadjar ka ngaing dek ditangtang awong awongan, simadjar ka ngaing tamboeh roewa tamboeh roepa, soemping ka kijeu kijeuna naon noe disedja. Soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, badak beunang njangtjang, banteng beunang ngagenteng, lamoen teuneung loedeung, paksa gandawasa, geura toeroen kadijeu!”

Tidinja mah pateungteung patali agcung, serenteng narik panganggo, hoeroeng gagaboesan, herang kĕkĕdapanana, leromna beunang njongoan beuteung, ngoengkoeng ngakoe doeloer, ngangkang ngakoe baraja, soedoek maroe ampar koe tiga pati radja, goelingan larap lari djĕkek, ideuh, pĕrang ngadoe pakarang mah ka roeksak roeksak dangdanan, anggoer ngadoe babaloeng, pĕrang tjentang lalawanan, djoeritan silih seundeuhkeun.

Barang pĕrang geus meunang sadjongdjongan, toeloej kadjeueung koe Praboe Paksi Kĕling ti mega malang. Toeloej Paksi Kĕling njaoer:

„Adeuh, horeng mahaboena mah ka batoer, teu hade kitoe, moal hade pepedahan, dja batoer mah teu boga dosa.”

Tidinja pontengkeun djanggamastakana, kolewang ka tĕbeh handap, lĕnjap barabat sijor; ngadjoegdjoeg ka noe keur pĕrang. Sakeudeung goeroedag datang.

„Ideuh, girang adi Soetra Pangajon, geura oendoer, lain sija pilawaneunana; simadjar ka ngaing noe koedoe ngalawan.”

Dĕr deui pĕrang djeung Paksi Kĕling sadjongdjongan saporodan. Toeloej silih seundeuhkeun; beuki boerit beuki pajah Baloengbang Singa. Tidinja njaoer noe bagoes Baloengbang Singa ka Paksi Kĕling: „Anggoer simadjar ka ngaing podarkeun sakali bae; hiroep ge karoengkang roengkang boewana.”

Geus kitoe rawoe soekoena, sĕbatkeun kana bintjoerangna; prok babatokna, prek tangkorekna.

Barang Baloengbang Singa geus paeh, kadeuleu koe Poetjoek Sari. Toeloej koe Poetjoek Sari diserenkeun ka Paksi Kĕling, menta panghiroepankeun deui. Toeloej koe Paksi Kĕling noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur; koredjat hoedang deui. Ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.