Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/22

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Pontengkeun djangga mastakana, kolejang kahandapkeun, koemolejang koemolentang di manggoeng di awang awang, niba ka lĕmah; goeroedag ka boewana pantja tĕngah, ngahareup ka padalĕman. Ladjoe masang tabe.

„Ideuh, girang adi, simadjar ka ngaing tabe teuing dek miloe eureun.”

Djĕmpling euweuh noe nembalan.

Tidinja mah gek tjalik bae ka padalĕman, toeloej ngalĕmar ladjoe njaoer: „Lamoen aing asak tapa ti boeboedak, ijeu seupah moegia masing djadi noe geulis pawarang dalĕm.”

Djleg bae seupah djadji pawarang dalĕm, di pake ngagantian pawarang dalĕm noe ngora.

Ladjoe pawarang dalĕm noe bĕnĕr mah dikandoeng, dibawa ngaloentjat ti padalĕman, ladjoe dibawa ngapoeng njĕmproeng ka mega malang. Barang datang ka mega malang, reup Baloengbang Singa heës.

Ajeuna katjaritakenn noe tjalik di paseban bale agoeng.

Paksi Kĕling ngaleret ka pawarang dalĕm, geus teu aja, ngan kari ngadajoegdoeg seupah boeroek.

Geus kitoe ladjoe Paksi Kĕling njaoer: „Djĕnĕng si indji mowal lain dibakekeng koe anak deungeun, balaï teuing, koe simadjar ka ngaing dek ditoetoerkeun.”

Toeloej toeroen ti paseban bale agoeng, bari mawa tihoel hareno; poeng bae ngapoeng kamanggoengkeun, noetoerkeun Baloengbang Singa. Sakeudeng goeroedag datang ka mega malang.

Barang Paksi Kĕling datang ka mega malang, pawarang dalĕm kasampak keur diparende koe noe bagoes Baloengbang Singa. Tidinja dirawoe deui koe Paksi Kĕling, dikandoeng, ladjoe digantian koe tihoel hareno, pontengkeun kolejab kahandapkeun deui. Sakeudeung goeroedag datang ka boeroean padalĕman, nja diserenkeon deui ka Praboe Soetra Kamasan. Toeloej Paksi Kĕling tjalik deui ka paseban bale agoeng, bari njerenkeun papatih ka Boma Djanggala. „Ari simadjar ka ngaing mah dek maranan deui ka mega malang.”

Bral angkat Paksi Kĕling, sĕmproeng ngapoeng kamanggoengkeun. Sakeudeung goeroedag datang ka mega malang, djondjon Baloengbang Singa kasampak keur heës keneh. Gek tjalik Paksi Kĕling handapeunana. Tidinja koredjat hoedang noe bagoes Baloengbang Singa, pontengkeun djangga-mastakana, ngolewang ka tĕbeh handap, barabat sijor kahandapkeun. Goeroedag ragrag ka tĕgal papak.