Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/21

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

III.

LALAKON PAKSI KĔLING.

——————

Radjahna: Awaking dek make pasang pasadoean, sadoe kaloehoer sadoe kahandap, kaloehoer ka sang roemoehoen ka handap ka Sanoergaha, ka batara endah sora: moela awaking pasadoean, dek ngamitkeun poetra sahidji, oeroes ratoe noe ngoembara ti Pakoean Padjadjaran Praboe Soetra Kamasan, ngoembara ka nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah.

Kotjapkeun Praboe Soetra Kamasan andĕg nagara di Pasir Batang Oemboel Tĕngah djeung andĕg pawarang doewa, noe kolot Limar Kantjana noe ngora Atji Kĕling.

Ari lantjeukna Limar Kantjana Boma Djanggala, kakana Atji Kĕling Paksi Kĕling.

Tidinja Boma Djanggala njaoer ka Sangijang Praboe Soetra Kamasan: „Simadjar ka ngaing hajang ngadjoedjoerkeun ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.”

„Owah, praboe soehoenan dahoewan, langkoeng pangĕrsakeun.”

Toejoej Boma Djanggala njaoer deui ka Paksi Kĕling: „Simadjar ka ngaing hajang ngĕrsakeun sidĕkah kamoekakatan atawa hĕnteu.”

„Ideuh, girang kaka, girang si adi ngiring bae.”

Ari geus moekakat mah, geura koempoelkeun tatabeuhan bae.

Geus kitoe mah ladjoe ngoempoelkeun tatabeuhan goöng salawe bangoenan angkloeng salawe tatapan. Gĕr bae angkat karija, meuntjit moending sapoeloeh pakandangan, eusina pada njapoeloeh.

Dihakan koe djĕlĕma sadajana, salobana bejak ka soekoe soekoena. Ari pojan meuntjit dalapan pakandangan, bejak ka toelang toelangna.

Angeun pake adoe simbeuh, tjongtjot pake goegoelingan. Si Lengser leungit sapoë, katindihan kedjo wadang.

Katjatoerkeun, noe tapa di mega malang, noe bagoes Baloengbang Singa njaoer: „Koe simadjar ka ngaing dek diiwat didjangdjawat pawarang dalĕm noe ngora.”