Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/20

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

poetih, tjalik dina kasang goemĕlar, kasered lalangse tjinde, kasoeroeng lalangse woeloeng.

Tidinja Pangeran Simbar Kantjana ladjoe andĕg papatih, ngĕmban timbalan dalĕm, soeka boengah garaita, loba noe geulis pipingitan, loba landjang pakĕmbaran, loba noe denok poponggolan; ari toengkoel troek kana soesoe, ari tanggah trak kana tarang; saha pawarangna, kameumeutna, kasimeurna, kaoedjana, kaoesmana, noe ngageugeuh pati ageung, noe ngagawaj kabeungharan, noe matak hedjo lalakon, noe poerah ngadjoeroeng njandoeng, noe matak rambaj tjarita. Katjaritakeun baris ponggawa sakabeh tjalik di babalean, ngabaris baris paradjoerit, ngadjadjar baris pĕpĕrang.

Kotjapkeun pandakawan Mama Loerah tjalik di pakĕmitan Hitoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Teu Tinggaleun. Parajaji opat poeloeh ijangan paragĕlangan noe matoer pating aroelang, widak widak sangrama ijangan paragĕlangan di aloen aloen pasar agoeng, gĕnggĕlang singaboeroean, loeloeroeng doewa di bandoeng, dalapan pangipasan, sok ngĕlir pagĕr kikisna, ngaratjol gado bangkongna, ngĕmbat ngĕmbat pasanggrahanana, soeka boengah wajang tapa, genah toemaninah; soegih moekti, beurat beunghar, kirintjing pitjisna, ngĕlĕboet oemboel lĕmboer, majakpak tangkal pinangna, moejoekpoek poetjoek kawoengna, kagoengan praboe dalĕm noe kasep Langga Sari. Toeroen euntjoe euntjoe, rĕndang anak anak, lĕmboer matoeh dajeuh di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.


——————