Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/15

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

deui ka sakabeh kadang wargana. Toeroen noe kasep Raden Singgoeroeh, daweung daweung noe rek angkat pĕrang, silih awoer koe tjidoeh, silih boera koe pangabisa, silih tjolok siki bolor gilĕr, silih tjaboet tjatjangtjoetan, silih banting bĕbĕngking, rekep keukeumbinganana Raden Tĕgal; papijoeh paädoe poejoeh, pageleng paädoe tjeleng, gĕr bae ngadoe kasaktian gĕro ngagĕro Raden Singgoeroeh.

„Adoeh, rai, meudjeuh, oelah dikijeukeun, ijeu girang raka taloek, amit ampoen, girang raka asoep oeloen koemawoela, kabeh kabeh ijeu lajoean seren teu borong soehoenan rai, hajang dihiroepan deui.”

„Adeuh, gampang, raka, gampang.” Di oelas koe tjidoeh bari didjampe koe noe kasep Raden Tĕgal, tingkoredjat kabeh pada hiroep deui, pada tjalik ka padalĕman ngaradja di nagara Goenoeng Singgoeroeh.

Heubeul ti heubeul Raden Tĕgal hajang angkat moelih ka nagara Bodjong Mananggong, moeroed angkat sanagara ngaleut ngeungkeuj kaja otet ngiring noe kasep Raden Tĕgal.

Soemping damping dongkap datang ka nagara Bodjong Mananggong, tjalik ka padalĕman, djadi radja diiring koe ponggawa Raden Rangga Patala, kai Mananggong djeung noe kasep Raden Singgoeroeh. Heubeul ti heubeul ti nagara Bodjong Mananggong pindah ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, rangkad sadjagat ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah, moelih ka nagara ramana Praboe Rangga Kantjana; papatihna Praboe Koeda Kantjana, linggihna di babalean, lengreng baris ponggawa di babalean.

Katjaritakeun baris pawistri tjalik di padalĕman; nja didinja lĕmboer matoeh dajeuh maneuh koemawoela ka ramana Praboe Rangga Kantjana. Djĕmpling noe kasep Raden Tĕgal hĕnteu katjaritakeun deui. Noe djadi papatih dalĕm Pangeran Koeda Kantjana reudjeung Raden Singgoeroeh; leuleuj raeut loeloes roentoet.


——————