Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/10

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Katjarita tjenah eta boedak tjeurik bae; geus boengbĕng noe menta oebar, goemĕdĕr eusina lĕmboer menta oebar lalampahan sapoë.

Ki Mananggong kasoesahan kapepenan kapanasan kahijangan; leret nji Bomasari: „Palangsijang, girang rama, si oetoen teh menta ngaran; geura ngaranan bae koe toewang rama.”

„Ih, njai, ngiring pikĕrsaeun.” Pek dingaranan Raden Tĕgal Soekma Djaja Toenggoel Mĕnoer Toempang Sari Raden Djaksa Katalajah Noe Seda Dina Waroe Dojong Andĕgna Di Bodjong Mananggong. Djĕmpling geus kitoe mah si oetoen heës beurang djeung peuting.

Diajoen koe girang iboe bari dikawihan: „Ajoen ambing lila njaring, manan njaring koe di sanding, ajoen poentang lila hoedang, manan hoedang koe digoewang, oetoen meudjeuh oelah poendoeng, dja sija geus dinamaan, nama sija Raden Tĕgal, ganti peuting beuki gĕde, tjenah Raden Tĕgal.”

„Owah, soehoenan iboe, hajang ditjangtjoetan.”

„Euh, soehoenan anak, hajang ditjangtjoet mah rampes; adeuh, oetoen, badan iboe noe njangtjoetan inja.”

Ditjangtjoetan tjangtjoet aloes, disindjangan sindjang lesang, matak tisaradat toema, matak neundeut laleur, matak tidagor aro, beunang ngalijar di djĕro lijang.

„Adeuh, girang iboe, soehoenan poetra hajang oelin.”

„Hade, toewang poetra, tapi oelah djaoeh teuing ngoeliling di pipir boemi, katjatjangan na pamidangan, koeriling ka pipir leuit.”

Di dinja girang kai ngadjeudjeut boeboe; matoer si oetoen: „Naon, girang ejang, ijeu noe ngalowong?”

„Adeuh, oetoen, seungkeur boeboe areuj mangender, oelah diheureujan, oetoen, boeboe tereh anggeus.”

Dirĕboet koe si oetoen seungkeur boeboe.

„Tjoba, girang ejang, ijeu seungkeur boeboe pangdengdengkeun.” Ladjoe ditjandak ka padalĕman.

„Rampes, oetoen, geura njoesoe.”

„Owah, soehoenan iboe, hajang oelin deui.”

„Adeuh, soehoenan poetra, rampes deuk oelin deui mah.” Leret njai Mene, rek matoer lain koe loekoen, dek njĕmbah lain koe bantal, lamoen hade koe lemek bae.

Soekoer dara ditangtoeng, sabda dara dikĕtjap, oelah tjitjing poetjoek paling, babar pisan lĕkas bentes, bentarakeun kabangbing sakit kabingbing, hajang katolodjo bogoh, boga hajang moepoe kĕmbang ka Tĕgal Alas Malati Toempang; lamoen rĕmpoeg sama