Kitab Pakih Sunda

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
Kitab Pakih Sunda  (1865) 
by J.J. van Limburg Brouwer

[ 4 ]

BISMILLAHI 'R-RAHMANI 'R-RAHIMI.

ALHAMDOE LILLAHI RABBI 'L-'ALAMINA WAÇÇALATOE

WASSALAMOE 'ALA SAJJIDINA MOEHAMMADIN

WA ALIHI WAÇAHBIHI[1] ADJMA'INA.




Tegesna: kaula mimiti migawé ieu kitab ku nyebut jenengan Allah ta'ala, nu leuwih murah, nu leuwih asih. Ari puji éta kagungan Allah ta'ala Pangéran 'alam kabéh. Ari rahmat Allah jeung kasalametan éta tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad, shallallahu 'alaihi wasallam, jeung ka atas kulawargana nabi jeung sahabatna. 'AMMABA'DU ari sanggeusing kitu, maka ieu sahiji kitab muhtasar, tegesna: beunang ngaringkeskeun. Aya di jerona éta nétélakeun barang-barang anu wajib dikanyahokeun[2] ku unggal-unggal jalma anu mukalap[3], tegesna: 'akal balég. Ari anu dikanyahokeun téa nya éta sagala rukun iman jeung islam, jeung hartina pisan, jeung pirang-pirang MAS'ALAH HUKUM PAKIH[4], anu perlu, jeung anu sunat, jeung anu haram, jeung anu makruh, jeung


  1. Eigenlijk moet er staan WAAÇHABIHI. Daar ik voor de juiste spelling der Arabische woorden mij niet verant wwrdelijk stel, heb ik de spelling van den text eenvoudig gevolgd.
  2. De ware beteekenis van nganyahokeun is erkenen. Doch bij Relaudus, pag. 7. 13. sqq. vinden we hier belijden "agnitio quae animo fit et confessio linguae. Maar nog sterker vinden we in dezen text later in de sahadat ASYHADU, ik betuig, door nganyahokeun overgezet, hetgeen zeker verkeend is.
  3. مكلف is ieder die aan de wet onderworpen is; daaronder behooren عقل بلغ (bij verstand en tot leeftijd gekomen).
  4. De woorden, die met kapitalen zijn gedrukt, zijn in het manuscript met roode inkt geschreven; 't zijn meest Arabische woorden of zinsneden.
[ 6 ]anu wenang, jeung anu sah[1], jeung anu batal[2], anu aya dina madzhab imang agung, nya éta imam urang Safi'i[3], rahmatullah ta'ala alayhi.

BABU FI MA'RIFATI ARKANIL-IMANI WAL-ISLAMI. Tegesna: ieu bab aya di jerona nétélakeun sakabéhna rukun iman jeung islam. Ari rukun iman éta genep perkara. Sahiji AMANTU BILLAHI, tegesna: kaula percaya ka Allah ta'ala. KADUA WAMALAIKATIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna malaikat Allah ta'ala. KATILU WAKUTUBIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna kitab Allah ta'ala. KAOPAT WARUSULIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna nabi rusul, tegesna: nabi anu jadi piwarangan Allah ta'ala ngadatangkeun paréntah kana sakabéhna mahluk[4]. KALIMA WAL-YAUMAIL-AKHIRI, tegesna: kaula percaya kana poé kiamat, tegesna poé pangahirna. KAGENEP WAL-QADRI KHAIRIHI WASYAKRIHI MIN ALLAHI TA'ALA, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna papastén, anu hadé jeung anu goréng, éta kabéh datangna ti Allah ta'ala. PASAL, IEU SAHIJI PASAL. Ari hartina percaya ka Allah ta'ala, nya éta urang kudu pada nganyahokeun sarta diimankeun dina haté, yén satemen-temenna Allah ta'ala éta wajib[5] kagungan sipat(6) dua puluh. SAHIJI WUJUD, tegesna: aya Allah ta'ala, éta wajib, jeung sakabéhna sipatna; mu-


  1. صح
  2. بطل
  3. Imam Muhammad...
  4. مخلق
  5. Wajib en Perlu (want ...
[ 8 ]hal[1] hanteu aya. KADUWA QIDAM, tegesna: tiheula, hanteu aya mimitina, dat[2] sarta sakabéhna sipatna; muhal anyar[3]. KATILU BAQA', tegesna: langgeng Allah ta'ala sarta sipatna jeung pagawéanana; muhal saruwa jeung sakabéhna anu anyar. KAOPAT MUKHALAFATU LILHAWADITZI, tegesna: béda-béda Allah ta'ala jeung sakabéhna nu anyar; moal saruwa jeung anu anyar. KALIMA QIYAMUHU TA"ALA BINAFSIHI, tegesna: jumeneng dina dat liyan. KAGENEP WAHDANIYAT, tegesna: sahiji dat Allah ta'ala sarta sakabéh sipatna jeung sakabéh pagawéanana; moal duwa datna atawa leuwih réya, jeung moal susun-susun, jeung moal wiwilangan dina unggal-unggal sipatna, kaya lamun aya ilmu éta duwa kudratna atawa leuwih réya; nya éta moal. Jeung deui moal aya deui nu kawasa migawé alam lian ti Allah ta'ala halna ngabaturan ka Allah ta'ala atawa nulungan halna boga tapak. KATUJUH QUDRAT, tegesna: kawasa Allah ta'ala ngayakeun mumkin atawa ngaeuweuhkeun mumkin; anging kudu ditangtkeun heula ku sipat keresa ti ajalna; moal hanteu aya keresana. KASALAPAN ILMU, tegesna: uninga Allah ta'ala kana sakabéhna anu wajib, jeung kana sagala anu moal ayana, jeung kana anu wenang ayana, sarta saméméhna diayakeun mumki téh, éta geus kauninga ku Allah ta[ 10 ]'ala ti ajalna, réyana, gedéna, leutikna, panjangna atawa pondokna, rijekina, jeung bagjana jeung cilakana, éta geus kauninga ku Allah ta'ala saméméhna aya; moal bodo Allah ta'ala jeung sakur ma'na bodo, kaya syak atawa thlan, atawa waham, atawa ilm nu nalari, atawa ilmu nu laruri[4] nya éta moal. KASAPULUH HAYYAT, tegesna: hirup Allah ta'ala; moal paéh, atawa hirup ku nyawa. SAWELAS SAMA', tegesna: ngarungu Allah ta'ala kana sakabéhna anu mujud kadim atawa mujud anyar, sowarana atawa euweuh, jauh atawa deukeut, éta kabéh karungu ku Allah ta'ala; moal hanteu karungu ku Allah ta'ala. DUWA WELAS BASYAR, tegesna: ningali[5] Allah ta'ala kana sakabéhna mujud anu kadim atawa anu anyar, jauh atawa deukeut, di anu poék, atawa di anu caang, sumawonna anu aya rupa éta kabéh katingali ku Allah ta'ala; moal buta atawa ningali ku soca anggohota[6]. TILU WELAS KALAM, tegesna: ngandika ku kalam Allah ta'ala, sakabéhna anu wajib ayana jeung anu moal ayana jeung sakabéhna anu wenang ayana, euweuhna pisan-pisan; kaliwat moal bisu atawa ngandika ku lambé anggohota atawa ku hurup, ku basa sowara, nya éta moal. OPAT BELAS KADIRAN[7], te-
  1. Muhal.....
  2. ذات
  3. Anyar, verseh niew; dat is van-den-tijd, in tegen overstelling van eeuwig.
  4. علم نظر en ضروري wetenschap die door betrachting, beschouwing (Jav. ca Mal. nalar) wordt verkregen, of door ondervinding, experimenten. De santri zegt van de eerste: hésè kahartina, moeijelijk te verstaan; van de laatste: babari kahartina, gemakkelijk te verstaan.
  5. Het hooge woord voor nénjo, zien, is Javaansch.
  6. .... (Niemann p. 314)
  7. قادر De zeven hier volgende attributen worden door Sanusi SYIFAT MA'NAWIYAH genaamd, in tegenoverstelling van de zeven voorgaande, SYIFAT 'L-MA'ANI; dat is volgens de vertaling van Wolff "ideell". Het wezenlijke verschil tusschen ideele attributen en de attributen der idee is
[ 12 ]gesna: anu kuwasa Allah ta'ala; moal anu apes. LIMA WELAS MURIDAN, tegesna: nu keresa Allah ta'ala; moal nu hanteu keresa. GENEP WELAS 'ALIMAN, tegesna: nu uninga Allah ta'ala; moal anu bodo jeung sakur ma'na bodo, kaya syak, atawa thlan, atawa waham, atawa ilmu nu nalari atawa ilmu anu laruri, nya éta moal. TUJUH WELAS HAYYAN, tegesna: anu hirup Allah ta'ala; moal anu paéh. DALAPAN WELAS SAMI'AN, tegesna: nu ngarungu Allah ta'ala; moal nu merem[1]. SALAPAN WELAS BASYIRAN, tegesna: nu ningali Allah ta'ala; moal nu buta. DUA PULUH MUTAKALIMAN, tegesna: nu ngandika Allah ta'ala; moal nu bisu. Jeung deui moal dat[2] Allah ta'ala éta jirim jeung sakabéhna sipatna Allah ta'ala aradlna[3], kaya putih atawa hideung, atawa saupamana, atawa usik cicing, atawa gedé, atawa leutik, atawa luhur, atawa handap, atawa kulitna, atawa saupamana; nya éta moal Allah ta'ala aya di luhur, aya di langit, atawa di arasy, atawa di handap; atawa di enggon, atawa aya lebahna atawa mangsana, éta moal; jeung moal deui Allah ta'ala pengalapan dina migawé mumkin alam, atawa dina ngahukuman hambana; jeung deui moal Allah ta'ala aya di jero mahluk, atawa aya di jero haté mahluk. TETAPI wajib urang ngitikadkeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala sarta sakabéhna sipatna éta mujud kadim baka sarta jumeneng ku anjeun baé, sarta sahiji datna, sahiji sipatna, sahiji pagawéanana; jeung deui wajib urang ngitikadkeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala éta ngayakeun mumkin atawa ngaeuweuhkeun mumkin, éta hanteu wajib, hanteu moal; éta naon-naon baé, anu
  1. merem, blind, moet, volgens het verband, torék, doof, zijn.
  2. moal dat enzv: Helgeen hier volgt wordt bij Sanoesi ook gevonden en wel als eene verklaring van het vierde attribuut: het afgescheiden zijn van wat tijdelijk is.
  3. عرض: is een accident b. v. eene kleur; ....
[ 14 ]wenang pangeuweuhna, kaya urang kabéh jeung naon-naon anu geus paraéh, jeung naon-naon anu mangké ayana. Jeung deui wajib urang nganyahokeun sarta diimankeun dina haté, yén satemen-temenna sakabéhna anu lian ti Allah ta'ala éta kabéh anyar, éta sarta pangayana diayakeun ku Allah ta'ala sarta kamilik ku Allah ta'ala, datna sipatna jeung pagawéanana éta dijadikeun ku Allah ta'ala. Jeung deui wajib urang alap DALIL JUMLI anu nuduhkeun kana ayana Allah ta'ala; nya éta lamun urang ditanya ku sahiji jalma: kumaha manéh yén percaya yén Allah ta'ala éta mudud; maka jawabna: kaula percaya; maka urang ditanya deui: naon-naon tandana yén manéh percaya ka Allah ta'ala yén mujud, padahal manéh hanteu pisan-pisan nyeueung ka Allah ta'ala; maka jawabna: tandana kaula percaya éta anu nuduhkeun kana ayana Allah ta'ala, nya éta sakabéhna mahluk, karana satemen-temenna sakabéh mahluk éta hanteu bisa aya sorangan, anging ayana téh diayakeun ku Allah ta'ala. INTINA ari sipat Allah ta'ala, anu geus disebutkeun tiheula, anu pangmimitina nya éta sipat wujud, ari sipat lima dingaranan sipat salbiyah, ari anu tujuh sanggeusna wahdaniyat nya éya dingaranan sipat ma'nawiyah[1]. PASAL ari murad percaya kana sakabéhna malaikat Allah ta'ala, éta urang mudu nganyahokeun sarta diitikadkeun dina haté, yén satemen-temenna Allah ta'ala éta geus ngajadikeun malaikat sarta warna-warna pagawéanana; maka sawaréh malaikat téh aya tukang nanggung arasy, jeung sawaréh deui aya tukang
  1. Bij deze onderscheiding der attributen heerscht verwarring. Na de WUJUD, de SYIFAT NAFSIYAH (d. i. de op zich zelfstaande, de wezenlijke), volgen de SYIFAT SALBIYAH, de negative attributen, aldus genaams dewijl genegeerd wordt dat, wat kan worden toegedacht aan iets buiten God, zoo als: een begin, een einde enzv:, in tegenoverstelling daarvan heeten de andere TZUBUTIYAH (ثبوتيه), positive. Deze worden weder gelijk wij zagen onderscheiden in SYIFAT 'I-MA'ANI en SYIFAT MA'NAWIYAH. (Sanoesi p. 3 en 4. Tornauw p. 25)
[ 16 ]ngurilingan arasy, jeung sawaréh deui aya nu pulang-anting, jadi piwarangan Allah ta'ala, nya éta mala'ikat Jabrail jeung mala'ikat Mikail jeung mala'ikat Israfil, jeung mala'ikat Izrail alaihimussalam. Jeung sawaréh mala'ikat téh aya nu tukang ngaraksa kana sakabéhna hamba Allah ta'ala, jeung sawaeéh deui aya nu tukang nuliskeun sakabéh pagawéanana hamba Allah ta'ala, nya éta mala'ikat kiraman katibina[1]; dina sahiji jalna éta mala'ikat dua. Jeung deui sakabéh mala'ikat hanteu doraka ka Allah ta'ala sarta hanteu lalaki, hanteu awéwé, jeung hanteu dahar, hanteu leueut, hanteu aya ambekna, hanteu aya kahayangna, hanteu boga bapa, hanteu boga indung, hanteu boga anak, hanteu dianakkeun, tatapi kabéh mala'ikat téh éta ngabakti baé ka Allah ta'ala salawasna. PASAL ARI MURAD PERCAYA KANA KITAB ALLAH TA'ALA nya éta urang kudu diitikadkeun yén Allah ta'ala éta geus nurunkeun pirang-pirang kitab kana sakabéh nabi anu jadi piwarangan Allah ta'ala, maka nya éta jumlahna saratus opat kitab, anu sapuluh kitab siturunkeun ka Nabi Adam, alaihissalam; anu lima puluh kitab diturunkeun ka Nabi Syis, alaihissalam; anu tilu puluh kitab diturunkeun ka Nabi Idris, alaihissalam; anu hiji kitab diturunkeun ka Nabi Musa, alaihissalam; nya éta kitab Torét ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka Nabi Dawud, alaihissalam; nya éta kitab Jabur ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka Nabi Isa, alaihissalam, nya éta kitab Injil ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka nabi urang, nya éta kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu alayhi wasalam, nya éta kitab Qur'an. PASAL ARI MURAD PERCAYA KANA SAKABÉH NABI ANU JADI RASUL éta, nyaéta urang ku-
  1. Of hier de schutaengelen bedoeld zijn of die genaamd MALAKAIN ASWADAIN (de beide zwarte engelen) is uiet duidelijk. De engelen MONKIR en NEKIR gaan in hat graf en ondervragen den doode over zijn geloof.
[ 18 ]du di'itikadkeun dina haté yén satemen-temenna sakabéh para nabi anu jadi rusul éta, kabéh wajib aya tilu sipat, nya éta sidik[1], tegesna: bener dina sakabéh carita, moal bohong; kadua amanat, tegesna: kapercayaan dina sakabéhna kalakuanana, moal palacidra, tegesna moal migawé anu dilarang ku Allah ta'ala, kaya haram atawa makruh; jeung wajib para rusul téh katilu tablég[2], tegesna: ngadatangkeun kanu dipiwarang didatangkeun ku Allah ta'ala ka umatna, moal kitinan, tegesna: moal hanteu didatangkeun ka sakabéh umatna. Jeung deui wenang para rusul kabéh narima aral basariah[3], tegesna: aral nu bangsa manusa, tetapi anu hanteu matak jadi cacad kana martabatna anu luhur, kaya dabar luut, jeung nikah, jeung jima', jeung kaya ruut[4] saupamana. Tatapi moal para rasul éta aralna anu hina-hina; éta moal. Ari nabi anu jadi rusul éta kabéhna tilu ratus tilu welas, ari rusul anu nyangking saréngat[5] éta genep nabi. Ari bilangan kabéh nabi éta saketi dua laksa opat ribu. Ari pangmimitina nya éta nabi Adam, alayhissalam; ari panganggeusanana, nya éta kangjeung nabi Muhammad, shallallahu alayhi wasalam. PASAL ARI MURAT PERCAYA ANA POÉ KIAMAT éta, nya éta urang kudu nganyahokeun sarta diimankeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala éta mangké mahluk téh sakabéhna[6] diparaéhkeun kabéh, ari paéh sék dihirupkeun deui di padang mahsar sarta rata jeung bodas saperti pérak tanuhna. Ari geus kitu dihisab sakabéhna amalna nu hadé jeung anu goréng, jeung hanteu aya anu
  1. صديق
  2. تبليغ
  3. بشريه
  4. Eene kleine duizeling kan den Godsgezant overvallen maar geen bewusteloosheid, krankzinnigheid of dronkenschap.
  5. شريعة De weg, instelling, nieuwe godsdienst.
  6. Al het geschapene ook de engelen zullen sterven op den dag des gerigts. Sura XXXIX, 08.
[ 20 ]kararung [1] pisan, sundana hanteu aya anu kasumputkeun. Ari geus kitu tuluy ditimbang 'amalna anu hadé jeung anu goréng; upama narajang jalma bagja mah diabuskeun ka sawarga, sarta hanteu dipaéhkeun deui, ngan ni'mat baé; tatapi sanggeus nyukang dina jambatan siratul-mustaqim, sarta lembut manan rambut, seukeut batan pedang sarta dipanteng dina luhur seuneu naraka jahanam. Ari jauhna lalakon tilu-rébu taun éta nyukang téh. Jeung deui maka singsaha-saha jalma ditimbang, sarta beurat kana goréngna éta diasupkeun (ka naraka) sarta leuwih panas perih. Tatapi ari jalma anu mu'min mah diangkatkeun deui tina jero naraka téh, sundana: ana geus beresih dosana diasupkeun ka sawarga. Ari basa jalma mu'min téa jalma 'ibadah ka allah ta'ala sarta bener pang'ibadahna, sarta tara bohong, sarta ihlas ka allah ta'ala pang'ibadahna, sarta mangarti sarat sah [2] tobat, di'amalkeun éta, mungguh di anu kitu mah, tara ka jero naraka anging ka sawarga. Ari anu sok diasupkeun ka naraka tamah, jalma anu sok camperelang 'ibadahna; anu matak diasupkeun ka naraka tamah disingna leungit heula dosana. Tatapi anging jalma anu kapir, éta mah langgeng dina seuneu naraka, disingna ngarasakeun kasakitna. [3] Wa'llahu 'alam. PASAL ARI MURAD PERCAYA KANA PAPASTÉN sakabéh pagawéanana Cite error: Invalid <ref> tag; refs with no name must have content anu hadé goréng, éta kabéh
  1. kararung plat Soendaneesch voor kalarung; de schrijver laat voorafgegaan door het gebruikelijk soendana, dat hier vreemd klinkt, er eene meer beschaafde uitdrukking na volgen
  2. شرط صح
  3. De voorstelling en opvolgende niteenzetting van dit leerstuk is niet duidelijk, maar de bedoeling is dat de MOE'MIN, geloovigen, zoo zij onbezweken zijn in hunne dienst aan Allah, nimmer in de hel zullen komen, dat zij, zoo zij gezondigd hebben, uit de hel verlost worden, nadat zij van hunne zonden gereinigd zijn, in tegenovestelling van de KAFIR, ongeloovigen, die eeuwig in de hel zullen blijven. Over het
[ 22 ]datangna ti allah ta'ala, nya éta urang kudu nganyahokeun sarta diimankeun dina haté yén satemen-temenna allah ta'ala éta geus ngajadikeun sakabéhna mahluk jeung ngajadikeun kana pagawéanana anu hadé jeung anu goréng. Tatapi allah ta'ala geus maparin pituduhna kana kawulana kabéh kana jalan anu bener, anging geus dilarangkeun ku allah ta'ala kabéhna pisan éta lampah anu goréng, sundana: migawé ma'siyat [1] téh hanteu rila allah ta'ala téh, hartina bebendu gusti allah. Anging rila allah ta'ala téh kana migawé ta'at [2], [karana allah kitu ogé éta suka mungguh di allah ta'ala], sarta ana dipigawé meunang ganjaran lamapah ta'at téh, ana ditinggal matak disiksa; ari lampah ma'siyat ana ditinggal meunang ganjaran, ana dipigawé meunang siksaan. PASAL ARI RUKUN ISLAM ÉTA LOBANA lima perkara: Sahiji maca sahadat [3] nya ieu rupana: ASYHADU AN LA ILAHA ILLALLAHU AN MUHAMMADAN RASULU'LLAH, tegesna: kaula nganyahokeun satemen-temenna nabi muhammad éta piwarangan allah ta'ala. Kadua: migawé salat li,a waktu dina sapoé sapeuting. Katilu: ngaluarkeun jakat sarta pitrah. Kaopat kudu puasa dina bulan ramadan. Kalima kudu naék haji ka bétu'llah, laum kawasa di jalan. BABU FI BAYANI MA'RIFATI'L-THAHARATI MIN AL-HHADATZI WA'L NAJASATI. Ieu sahiji pasal bab nétélakeun kana nganyahokeun hukum beberesih tina najis. PASAL ari sarat sah wudu éta tujuh perkara. Sahiji, islam; kadua, pinter; katilu, suci tina kél jeung nipas; kaopat, kudu ulah aya nu ngahalangan nepina cai kana kulit
  1. معصية
  2. طاعة
  3. شهدة
[ 24 ]anggohota wudu, kaya lugut atawa naon-naon baé; kalima, kudu nganyahokeun kana perluna; kagenep, kudu ulah nyebutkeun ka anu perlu éta disebutkeun sunat; katujuh, cai sarta anu suci sarta nyucikeun ka lian. [1] PASAL ARI CAI ANU NYUCIKEUN ÉTA TUJUH perkara. Sahiji cai laut; kadua cai walungan; katilu cai sumur; kaopat cai nyusu; kalima cai ibun; kagenep cai hujan; katujuh cai kempel. Sarta dingaranan cai mutlak, tegesna cai wungkul, henteu kacampuran ku barang nu séjén. Jeung deui henteu sah wudu atawa mandi wajib, atawa ngilangkeun najis ku cai anu asal geus kacampuran ku nu lian tidinya: ku tipung, atawa ku cai anggur, atawa ku cai dalima atawa ku nu lian tidinya, sarta owah rasana; anging lamun kacampuran ku leutak atawa ku uyah laut, maka cai éta sah baé dipaké wudu, atawa dipaké mandi, atawa ngilangkeun najis, karana susah diraksana.
  1. rein co reinigend water. Deze plants moge dienen om Keijzer (Handboek pag 32) te emendern, waar gesproken wordt van rein en gerenigd water. Zie ook: Abou-chodja pag.4
[ 26 ]Ari ukuranana cai, anu manjing kana dua kulah téa, éta kudu aya jerona sahasta saparapat hasta, rubakna panjangna litu kénéh baé, upama dina enggon pasagi sabab béda jeung nu buleud. Ari dina wadah buleud upama urang hayang nyieun kulah buleud, éta kudu aya jerona dua hasta setengah, ari rubakna kudu aya sahasta. Pasal ari barang-barang anu najis [1] éta pirang-pirang rupana. Sahiji anjing; kadua babi [2], paéhna atawa hirup anjing téh atawa babi téh, éta sarua baé; katilu tahi sakabéh héwan atawa jalma atawa lian, anging tahi kabéh najis; kaopat sakabéhna getih, sakabéh lian tina haté jeung kalilipa; kalima sakabéhna utah-utah; kagenep nya éta kaluar tina dakar atawa tina parji, ukur nanggung anu burat atawa ngagéndong atawa cikiih; katujuh wadi, nya éta anu kaluar
  1. najis en nadjasat zijn de veronteinigende zaken. HADATH, sund. hadas, de toestand van geringe onreinheid. ADJNAHA, sund:hadas gedé, die van groote onreinheid
  2. babi is maleisch; bagong soendasch
[ 28 ]kara; sahiji kudu dikumbah ku cai mutlak tujuh kalu; kadua kudu dicampuran jeung taneuh anu suci dina salah-sahijina anu tujuh kali téh; katilu kudu datang ka leungit rasana atawa bauna jeung rupana. PASAL ARI SARAT SAHNA ngumbah najis sajabana tina anjing jeung babi éta dua perkara: sahiji kudu dikumbah ku cai mutlak sakali datang ka ngocor cai; kadua leungit rasana jeung bau rupana. PASAL ari perlu wudu éta genep perkara. Sahiji niat perlu, atawa niat ngilangkeun hadas leutik, nya éta dina haté baé, [1]



  1. Als de nijat wordt uitgesproken dan gescbiedt dat met de woorden bismi'llahi; die de Javaau of Soendanees ieder oogenblik en bij de onvershilligste handelingen in den mond heeft
[ 30 ]hanteu tetep diukna. Kaopat paantelna kulit lalaki anu pada gedé jeung awéwé sarta anu lain muhram, tegesna muhram éta baraya-baraya anu hanteu meunang ditikah. Kalima ngaragap dakar atawa parji. Ari liang parji anu matak batal dicagap ku dirina, nya éta antara kaluar jeung kajero; sarta hiji awéwé ség mandi, ség sampingna sangsangkeun dina pager atawa dina naon-naon baé, upama ség diheureuy ku salaki; sampingna dicokot, sarta disumputkeun, meureun ana rék hanjat luak-lieuk néangan sampingna, sarta boga wulu éta, lamun kitu ditutupkeun parji ku leungeun, hanteu matak batal, masih nepi ka imahna ogé ti pancuranana, upamana deuleuh salaki atawa deungeun-deungeun baé; ananging ku lalaki dicabak ulah mun parji, awakna ogé, batal; wallahu'alam. PASAL ARI ANU DIHRAMKEUN atasna jalma, aya hadas leutik, opat perkara. Sahiji salat atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah. Kadua tawaf di bétullah. Katilu ngaragap kur'an. Kaopat nanggung kur'an, anging lamun kur'an téh dianutkeun jeung barang-barang anu séjén, maka nya éta halal. PASAL ARI SABAB WAJIB mandi[1] lima perkara. Sahiji anu paéh, tatapi lain paéh perang sabil. Kadua saat getih bolon. Katilu saat getih nipas. Kaopat ngajuru. Kalima nanggung hadas gedé atawa jinabat, éta hasil ku sabab kaluar mani, atawa ngasupkeun hasyifah kana jero parji
  1. Even als bij het bad (GHOSL) eene paragraaf handelt over wat het bad ...
[ 32 ]awéwé. Ari anu diharamkeun atas anu aya junub[1] éta genep perkara. Sahiji salat, atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah juma'at. Kadua tawaf di bétullah. KAtilu ngaragap kur'an. Kaopat nanggung kur'an anu hanteu dianutkeun jeung barang-barang anu lain. Kalima maca kur'an, sarta seja maca kur'an. Kagenep cicing di jero masjid atawa kukurilingan di jero masjid. PASAL ARI PERLU MANDI téa éta dua perkara. Sahiji niat mandi ngilangkeun hadas gedé sarta dibarengkeun niat téh jeung mimiti ngumbah badan. Kadua, ngadatangkeun cai anu mutlak kana badan sakabéhna kudu rata[2]. PASAL ARI PERLU TAYAMUM éta lima perkara. Sahiji, niat tayamum, supaya ngameunangkeun kana salat, sarta wajib dibarengkeun niat téh jeung mimiti mindahkeun taneuh kana leungeun. Katilu ngusap beungeut ku taneuh nepi kana sikuna sakali, kudu rata. Kalima kudu tartib, tegesna: parélé atawa rata. PASAL ARI ANU NGABATALKEUN kana tayamum, éta kumaha cara anu ngabatalkeun kana wulu baé, ngan genep manggih cai saméméhna salat lamun tayamum, sabab euweuh cai. PASAL ARI SARAT sahna tayamum éta dalapan perkara; sahiji islam; kadua pinter; katilu suci tina blon jeung tina nipas; kaopat geus yakin heula apes[3] maké cai; kalima kudu geus manjing waktuna salat; kagenep ku-
  1. JUNUB de persoon, die in den toestand van JANABAT is gekomen
  2. Hier is de bedoeling TARTIB.
  3. apes duidt zoowel de onmogelijkheid aan om water te gebruiken als de zwakte van een zieke, voor wien het gebruik van water gevaarlijk zou zijn.
[ 34 ]du tayamum ku taneuh anu suci, sarta anu aya beledukna[1], anu lain urut maké; katujuh nganyahokeun kana sakabéh perluna; kadalapan ulah salat dua perlu ku sahiji tayamum. PASAL ARI saeutikna bolonna éta sapoé-sapeuting[2]; ari kaprahna suci antara dua puluh atawa dua puluh opat poé. Ari sakurang-kurangna mangsa nipas éta opat puluh poé, ari pangréa-réana mangsa nipas éta genep puluh poé. PASAL ARI ANU DIHARAMKEUN ÉTA DINA AWÉWÉ BOLON JEUNG ANU NIPAS éta sapuluh perkara. Sahiji salat, atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah juma'at; kadua tawaf di bétullah; katilu ngaragap kur'an; kaopat nanggung kur'an sarta hanteu dianutkeun kana banda-banda séjén; kalima maca kur'an; kagenep cicing atawa kukurilingan di jero masjid; katujuh jima'; kadalapan ditalak; kasalapan puasa; kasapuluh beberesih 'ibadah mandi, atawa wulu atawa lian tina ihram. KITABU 'SH-SHALATI. Ieu kitab nétélakeun hukum salat. Ari sarat wajib salat éta lima perkara: sahiji islam; kadua 'akal; katilu balég; kaopat suci tina bolon; kalima suci tina nipas. Ari sarat sah salat éta aya genep perkara. Sahiji suci tina hadas gedé jeung tina hadas leutik; kadua suci tina najis
  1. sunt enim qui nihil huic ritui aptum putant, nisi cui aliquid pulveris adhaereat. Relandus p. 83.
  2. Over den duur can de menstruatie of liever over de daarmede in verband staande voorschriften voor TALAQ (verstooting) en 'IDDAH (afzondering) bestaat verschil van meening bij de regtageleerden.
[ 36 ]anu hanteu dima'ap; katilu kudu nyanghareup ka kiblah; kaopat kudu nutup orat; kalima kudu nganyahokeun kana perluna salat kabéh; kagenep kudu nganyahokeun panjingna waktuna. Ari orat jalma lalaki téa éta ti luhurna wates bujal, ti handapna wates tuurna. Ari orat awéwé téa nya éta sakabéhna badan sajabana tina beungeut, jeung leungeun semet pigeulangna kacongokeun: ari orat awéwé keur di jero salat; orat awéwé di luar salar mah, nya éta badan[1], sanajan tuurna sanajan buukna ogé, lamun dijeueung ku lalaki anu lain muhram, haram. PASL ARI SALAT anu diperlukeun dina sapoé-sapeuting éta lima waktu; nya éta salat lohor opat raka'at; ari awalna lohor éta sanggeus lingsir matapoé ka jihat kulon, ari ahirna éta barang datang kalangkang, upama jalma nangtung kana saadegna sajabana tina panjangna kalangkang tengah poé. kadua salat asar, nya éta opat raka'at; ari awalna waktu asar éta sanggeus liwat saeutik tina kalangkang tengah poé, ari ahirna éta méméhna surup matapoé. Katilu salat magrib, nya éta tilu raka'at; ari awalna waktu magrib éta datang ka méméhna surup méga beureum. Kaopat waktu 'isa; ari awalna waktu 'isa éta ka méméhna pajar sidik. Kalima waktu subuh, nya éta dua raka'at; ari awalna waktu subuh nya éta sanggeus pajar sidik, ari ahirna waktu subuh éta datang ka bijil matapoé sakabéhna buleudna. PASAL ARI RUKUN SALAT ÉTA TILU-WELAS PERKARA. Sahiji niyat dina haté; kaduwa maca takbiratul-ihram, nya éta: Alla-
  1. de sluijering der vrouw hier ingevoegd wordt in geen klassiek compendium gevonden, noch Firoezabadzi (Keijzer), noch Aboe Sjodja, noch von Tornauw maken ar melding van.
[ 38 ]hu akbar; katilu kudu nangtung bener; kaopat maca patihah dina unggal-unggal nangtung, sundana dina unggal raka'at; kalima ruku' sarta tumaninah; kagenep i'tidal sarta tumaninah; katujuh sujud sarta tumaninah dua kali saraka'atna; kadalapan diyuk antara sujud duwa kali sarta tumaninah; kasalapan diyuk karana maca tahiyat ahir; kasapuluh maca tahiyat ahir; kasawelas maca salawat ka nabi shallallaahu 'alayhi wasallam dina tahiyat ahir; kaduwa welas maca assalaamu'alaykum sakali anu mimiti dina ahirna salat; katilu welas tartib, ngaheulakeun anu baris tiheula, mandeurikeun anu baris pandeuri, sajabana tina takbiratul ihram mah. PASAL ARI SARAT SAH SALAT PERLU ÉTA opat perkara. Sahiji niyat salat perlu dina haté kana migawé salat; kaduwa kudu dibaca keur nganyatakeun nyebut waktuna dina haté, luhur atawa asar; (katilu)?[1]; kaopat kudu dibarengkeun niyat téh sarta takbiratul ihram. PASAL ARI SARAT SAH MACA TAKBIRATUL IHRAM ÉTA SAWELAS perkara. Sahiji kudu dibaca keur nangtung; kaduwa kudu dibaca keur nyanghareup ka kiblat; katilu kudu lapal allahu akbar, hanteu beunang ku nu séjén; kaopat kudu tartib antara duwa kalimah takbir; kagenep kudu didéngé ku ceuli manéh baé; katujuh ulah ditukeurkeun hurupna kana hurupna séjén; kasalapan ulah ditambahan, ulah dikurangan tasjidna; kasapu-
  1. Wat is dan der derde?
[ 40 ]luh ulah ditambahan ku wau dina antara duwa kalimah takbiratul ihram; kasawelas ulah dibaca mad dina bana jeung dina hamjah. PASAL ARI sarat sahna maca patihah éta tujuh perkara. Sahiji kudu ngaraksa kana hurupna, tegesna: ulah dipatukeurkeun jeung ulah dikurangkeun hurupna; kaduwa ulah dikurangan tasjidna anu opat welas téa; katilu kudu bener babarisanana; kaopat kudu tartib macana; kalima kudu mu'alat[1] macana; kagenep kudu dibaca keur nangtung, lamun kawasa; katujuh kudu kadéngé ku ceuli manéh baé. PASAL ARI SARAT SAH RUKU' ÉTA LIMA PERKARA. Sahiji kudu condong awakna sakira-kira nepi tapak leungeun kana tuurna; kaduwa kudu tumaninah sakabéh badan; katilu kudu dihaja pangruku'na. PASAL ari sarat sah i'tidal téa éta tilu perkara. Sahiji kudu datang ka nangtung bener cengkatna tina ruku'; kaduwa kudu tumaninah sakabéh badan; katilu kudu dihaja pangi'tidalna. PASAL ARI SARAT SAH SUJUD ÉTA TUJUH PERKARA. Sahiji kudu tumaninah; kaduwa kudu ngantelkeun tarangna saeutik kana pasujudanana, sarta ulah kahalangan ku barang-barang anu séjén; katilu kudu neundeun tuurna rikah[2] kana enggon; kaopat kudu duwa tapak leungeun sarta batin ramona kana enggon sujudna; kalima kudu ngaluhurkeun bobokongna manan sirahna; kagenep kudu dihaja pangsujudna; katujuh (?). PASAL ARI SARAT SAH DIYUK ANTARA DUWA SUJUD éta duwa perkara. SAhiji kudu diyuk sarta tumaninah; kaduwa kudu dihaja pangdiyukna. PASAL ARI SARAT
  1. mu'alat weet ik niet te vertalen.
  2. rikah. Het voorschift is mij van elders bekend; het woord niet.
[ 42 ]maca tahiyat jeung maca salawat jeung awéh salam éta lima perkara. Sahiji kudu bener hurupna; kaduwa kudu ulah dikurangan tasjidna; katilu kudu bener babarisanana; kaopat kudu kadéngé ku ceuli manéh; kalima kudu dibaca bari diyuk, lamun kawasa diyukna. PASAL anu ngabatalkeun kana salat éta sawelas perkara. Sahiji panggawv réya-réya kaya ngaléngkah tilu léngkah, halna nuli-nuli atawa mupuh-mupuh; kaduwa nambahan rukun anu bangsa panggawé dihaja; katilu ngarurangan rukun halna dihaja; kaopat nyatu atawa nginum, halna dihaja, sanajan hanteu réya-réya; kalima kadatangan najis kana badan atawa kana samping, najis anu hanteu dima'ap; kagenep kadatangan hadas gedé atawa hadas leutik; katujuh kabuka orat, halna hanteu digeuwat ditutupkeun sapadaharita; kadalapan nukang ka kiblah dadana; kasalapan ngaluwarkeun suwara duwa hurup atawa sahurup, lamun aya hartina kaya ngomong atawa ceurik, atawa humarurung, atawa ngadéhém; kasapuluh owah niyat atawa ngagantungkeun megatkeun salat ku barang-barang kalakuan; kasawelas murtad. PASAL ARI SARAT SAH SALAT BARJAMA'AH ÉTA DUWA-WELAS PERKARA. Sahiji ulah nangtung dihareupna imam keuneungna; kaduwa kudu nyaho kana sakabéhna takbir imamna, pindahna tina sahiji rukun kana rukun séjén; katilu kudu kumpul imam jeung ma'mum dina enggon sahiji; kaopat kudu muwapakat aturanana salat