Tembang Lagu Garut Génjlong

From Wikisource
Jump to: navigation, search

<Author:Moh. Sanoesi

H. Hasan jeung Garut[edit]

Sasambatna rahajat[edit]

ASMARANDANA

Ya Allah Rabul Alamin, mana nyiksa téh pohara, abong enya ka nu héngkér, nu kuat aya di ménak, ménak nu teu rumasa, saperti ménak di Garut, komo deui jadugna mah.

Teu rumasa jadi hurip, hurip ku lantaran somah, si ménak moal maké pet, lamunna euweuh somahan, somahan nu maraban, tapina jongjon adigung, gedé hulu kamagungan.

Dalem Garut dipiijid, henteu pisan dihargaan, sabab rayat pada réhé, pada nyebut teu uyahan, sebel bae nu aja, beda reujeung "Dalem Marhum", rayat kabéh pada nyaah.

Mangga geura ieu galih, omongan rayat nu loba, dalem dilandi "Si Cadok", lalandian beunang nyutat, nyutat ti surat kabar, "Nieuws van den Dag" nu ka mashur, kamashurkeun musuh urang.

Tapi barang pék diintip, cocog pisan éta kecap, mémang rayat Garut kabéh, kolot budak bujang lanjang, béak peuting bray beurang, taya deui nu dicatur, ngan dalem nu "Cadok" téa.

Jadi biwir lain asih, tapi nu enya mah cua, isin mah jauh katangéh, najan leumpangna ngagégag, diiring ku kang upas, cara Raja jaman buhun, jaman rayat diseuseupan.

Na mana kacida teuing, dodoja rayat ayeuna, Garut meunang dalem "Réhé", dalem teu manjing jeung jaman, jaman kamanusaan, nu kitu kudu ditundung, diusir ku nu kawasa.

Pamaréntah tangtu ngarti, yén nagara moal harja, lamun dalemna direheng, direheng ku rahayatna, cara Garut contona, dalem teu dianggap ratu, tapi "Satru Kabuyutan".

Pangadilan mangka éling, anjeun nu boga tanggungan, anjeun ulah rék ngadago, ngadagoan rayat nékad, nékad sabab jéngkélna, péndék rayat teu panuju, mun di ahir leuwih susah.

Geuwat urus mangka lantip, tatapi omat-omatan, ngurus ulah jeug porongos, ulah rék ngarah sieunna, somah jadi bingungna, papariksaan nu kitu, geus tangtu palsu jadina.

Reujeung ulah arék nilik, nilik darajatna jalma, teu paduli dalem ogé, lamun cicing dina salah, misti meunang hukuman, leungeun ranté suku ringkus, peclengkeun ti nagarana.

Sab lamun éta bupati, tetep boga kasalahan, tatapi henteu diranté, tangtu adil moal aya, rayat moal percaya, moal nganggap ka pangagung, sab disangka ngalicikan.

Poma ulah salah ngarti, kuring teu netepkeun salah, tapina ngan lamun baé, lamun dalem mémang jahat, mun dalem mémang salah, dalem Garut kudu hukum, ku hakim anu sampurna.

Tangtu rayat suka ati, nu salah meunang hukuman, tangtu rayat senang haté, nenjo pamaréntah waras, nénjo ménak teu sasar, tangtu rayat moal bingung, dimana karerepetan.

Lamun pék dipikir-pikir, goyangna Garut ayeuna, éstu matak moal poho, manan poho anggur tambah, tambah anu ngagugah, ngagugah ka urang Garut, néangan nu jadi asal.

Asalna keur dipulitik, ku pulisi jeung ku urang, jadi urang tunda baé, nunggu kumaha putusna, tatapi ayeuna mah, palikiran ku sa-Garut, naon sabab dalem galak.

Béda jeung séjén bupati, béda rupa séjén adat, éstu jalma matak bengong, cara nénjo sato anyar, hookeun anu aya, hookeun lain ku alus, tapi éstu matak gila.

Tabéat ieu bupati, mun ku urang dipikiran, urang kudu henteu kagét, lamun ngingetkeun turunan, turunan ti ramana, patih Sukabumi marhum, kabéh rayat pada terang.

Sadérékna hiji deui, patih anu geus dibuang, dibui lantaran cékcok, nya nepi ka ditangkepna, trus dibui ka Jogja, aduh éstu matak bingung, dalem Garut gedé bagja.

Sakapeung sok nanya diri, naon nu jadi sababna, saperti jalma nu daék, daék nulungan bangsana, bangsa nu kasusahan, cara nu jadi panungtun, panungtun tina kumpulan.

Ku nagri dipikaijid, ku pulisi dimusuhan, masing teu Édan teu Maok, nyakitu nu jadi anak, terus dianggap bahya, dulur-dulurna pon kitu, diaranggap jalma jahat.

Nyata jaman téh tibalik, mun urang mikir ka dinya, siga pamaréntah poho, keur waktu ngabisluitan, ngangkat dalem ayeuna, dalem Garut nu kamashur, kawentar dipikangéwa.

Lamun ninggang di si leutik, saperti bangsa somahan, maling duit sapésér gé, duit masjid upamana, nepi ka dibuina, dulur-dulurna geus tangtu, milu apes salawasna.

Apes sotéh ku pulisi, kusabab dina pikirna, lamun adina geus maok, lanceukna kudu dijaga, bubuhan sapancuran, ujah teu téés ka luhur, biasana gé ka handap.

Ditulung mah komo deui, dijungjung dibéré pangkat, enggeus tangtu ménak génjlong, pada nyarebutkeun salah, mo enya dulur bangsat, diangkat jadi pangagung, nu kudu ngariksa rajat.

Geus tangtu goréng di ahir, nagri moal jadi aman, rahayat jadi parépéh, para ménak meunang susah, nguruskeun kakusutan, sab éta kuring panuhun, Garut meunang dalem anyar.

Tapina poma téh teuing, ulah arék digantian, digantian ku nu réhé, cindek ulah ku turunan, tedak Muhamad Musa, sabab sieun teu panuju, inggis cara nu ayeuna.

Péndék hayang anu adil, nu adil jeung palamarta, nu somah ngeunah ngadéngé, priyayi ngeunah ngawula, nagara jadi harja, geura hempék dulur-dulur, ayeuna urang ngadoa.

Hamin…


Mh. Sn.


Meupeus keuyang[edit]

SINOM (Liwung)


Maos dina Kaum Muda, kaping dua likur Hapit, kitu-kitu cariosna, hal dalem marios S. I., bet matak sedih nya ati, mun nu henteu kudu nurut, nurutkeun ka kahayangna, lamun nu teu nurut pasti, digigila diancam nu matak reuwas.

Reuwas sabab teu biasa, sieun nénjo lawang bui, nya kajeun bohong unjukan, lantaran sieun dibui, loba pisan nu geus bukti, dibuian nu teu nurut, nu teu nurut ka pangersana, pangersa bupati lantip, lantip sotéh da hayang meunang sorangan.

Sarupi mariksa maksa, ngaku sotéh pédah ajrih, batinna sulaya pisan, kapan mungguhing di Gusti, kudu miconto nu suci, teu meunang bohong jeung wadul, ieu mah sasat dihaja, kuma teu rék pegel pikir, kieu susah kitu susah salawasna.

Masih lamun nu enya mah, S. I. Afdeeling B. sidik, jeung geus terang pangnipuna, éta mah liwat ti wajib, najan dibuang dibui, nu kitu éstu panuju, mung mungguh ka nu henteu mah, nu nembé kasangka badis, abong-abong kacida kéna ka somah.

Kitu lagu pamariksa, ditulad ku distrik-distrik, camat wadana ngancamna, teu béda reujeung bupati, mun teu ngaku rék dibui, hayoh kudu ngaku kitu, atuh mungguh nu bodo mah, lantaran kaliwat ajrih, nyumuhunkeun ka kabéh timbalanana.

Masih mun teu disumpah mah, ya Allah ku matak ngerik, naha dalem kitu peta, nyiksana ka abdi-abdi, dorakana lahir batin, jalma nanggung sumpah palsu, geuning wet gé teu ngidinan, teu meunang bohong saeutik, ari ieu ku dalem téh bet dihaja.

Abong kéna rasa murba, wisésa jeneng bupati, adigung kamagungan, asana kacida teuing, taya pisan hukum adil, padahal peta nu kitu, anu henteu kudu enya, lamun wangkal rék dibui, anu kitu ngaranna Hukum Hianat.

Kuring saumur dumelah, bet kakara pisan nguping, pangkat dalem diarunghak, dipikaijid ku jalmi, rupa-rupa omong jalmi, sadayana sami giruk, aya nu nyebat turunan, Patih Marhum Sukabumi, ramana gé geuning saméméhna hilang. (..?)

Palangsiang karesepan, moal kitu langlang-lingling, kitu panyeta rahayat, réh kejem kaliwat saking, teu émut sasama jalmi, abdi-abdi sami paur, teu kiat ngalamanana, mun tetep di Garut nagri, engké komo ayeuna gé teu ngareunah.

Lampahna dalem ayeuna, kawas anu henteu éling, teu aya rasrasanana, asana kacida teuing, paingan pribasa cai, lamun di girangna kiruh, moal hérang di hilirna, ménak Garut kitu deui, tingkah polah teu béda jeung ti luhurna.

Bukti camat hiji tempat, keur waktu mariksa kuring, kuring urang padésaan, dihantem dibulak-balik, disiksa liwat ti misti, lantaran teu daék nurut, nurutkeun kecapna camat, nerangkeun Bandéra S. I., ceuk camat téh kudu ngomong kieu sia:

Bandérana opat rupa, BeureumHideungBodasKuning, jeung kituh deui cirina, Konéng nempuh Cina pasti, Hideung pikeun nempuh anti (?), Beureum nempuh B. B. kituh, Bodas nempuh Walanda, tah kudu kitu silaing, nya ngaku téh tangtu silaing salamat.

Turug-turug ku gan lurah, leungeun dicekelan tarik, ku agan lurah di dinya, bari nyambung ngomong bengis, kumaha dawuhan tadi, ku silaing kudu aku, diranté lamunna wangkal, sarta tuluy éta jalmi, nurut baé lantaran sieun disiksa.

Mangga ku sadaya manah, naha hukum kitu adil (?), bet ngaku sina sulaya, nerangkeun Bohong jeung Lain, karepna camat pribadi, kudu diturut digugu, aja deui hiji jalma, milikna téh cara tadi, dipariksa barina disingsieunan.

Lampah kitu sumarambah, kejemna para pulisi, nalika ping dua welas, sasih nu parantos Hapit, éta jalma anu tadi, disiksa di kota Garut, diteunggeul puhu ceulina, tang ka nyuuh henteu éling, paneunggeulna jidar potong jadi dua.

Ari nu neunggeulanana, jrutulis wadana distrik, keur waktu jero mariksa, sabab teu cocog verklaring, daptaran di onderdistrik, ku manéhna teu diaku, puguh éta mah daptaran, kahayang camat pribadi, ceuk jrutulis pangucap manéh daptaran.

Waktos miunjuk téa mah, pisanggemna éta jalmi, namung abdi téh dipaksa, lantaran kaliwat ajrih, ajrih sieun dinyenyeri, ku camat sareng ku kuwu, padahal teu pisan-pisan, terang ka bandéra ciri, kitu-kitu éta mah dawuh anjeunna.

Ti dinya ulis wadana, nyokot jidar neunggeul tarik, habek ka puhu ceulina, tang ka nyuuh henteu éling, ya Robbi kacida teuing, naha jaman naon atuh, cenah jaman kamajuan, bet ménak mah kana jail, majuna téh henteu parok kana jaman.

Malah nepi ka ayeuna, éta jalmi anu tadi, wartos nepi ka torékna, duh Gusti kacida teuing, abong-abong ka nu leutik, ka saha atuh nyalindung, nyuuh ménta pangadilan, réh geus ruksak jalmi leutik, na di mana adil téh tempat tinggalna.

Da béjana gupermen mah, adil nyekelna wet nagri, cing atuh éta tulungan, ulah bet diantep teuing, rayat sami gering ati, disiksa ku ménak Garut, gedé leutik kabéh rayat, geus sami raraheut ati, kulantaran polahna nu kejem téa.

Kabéh abdi rahayatna, sadaya malungkir ati, taya deui sasambatna, ngan kasusah jeung kanyeri, yén dalem Garut teu adil, bénten sareng Dalem Marhum, jaman jeung Dalem Marhum mah, raharja jeung tiis ceuli, ménak mulya abdi-abdi tambah setya.

Kuma pitungtungeunana, mun Gupermen teu ngumisi, kaayaan wawakilna, ménak Garut nu geus bukti, nyiksana ka abdi-abdi, neunggeul ngancam nu teu patut, padahalna kitu peta, matak jadi rujit nagri, mun diantep moal aya kabérésan.

Béja ramé ka padésan, bawahan Garut apdeling, mun ingkah sadaya nadir, rupi-rupi omong jalmi, aya nu liwet sapendil, aja nu saratus kulhu, aya nu tilu patéhah, mugi-mugi Mahasuci, panedana nu rék kawul diijabah.

Maos dina Padjadjaran, kaping genep likur Hapit, dulur Mh. Sn. Nyerat, éstu panuju téh teuing, sayaktosna abdi-abdi, rahayat bawahan Garut, baheula reujeung ayeuna, jauh ti tanah ka langit, baheula mah senang tiis dédéngéan.


PARIKESIT