Patilasan Jaka Susuru

From Wikisource
Jump to: navigation, search

<Author:Moehamad Enoh

Disalin tina Pusaka Sunda, No. 1 Taun ka-1, Oktober 1922


Panganteur[edit]

Saméméh jisim kuring nyarioskeun lalakonna Raja Jaka Susuru, jisim kuring badé nyarioskeun heula asal-muasalna anu mawi tiasa nangénan yén di distrik Ciranjang, désa Sukarama kampung Cisere, aja patilasan jaman Pajajaran.

Dina taun 1919 jisim kuring dijadikeun Opzichter Irigasi di afdeeling Cianjur. Babakuna anu jadi gawé téh, nuhurkeun (nyaatkeun) tanah padataran Cihéa, supaya ulah réa teuing kasakit, da sadaya pada uninga yén Cihéa téh hawana awon enggon mudang.

Parantos sababaraha kali jisim kuring naronda turut-turut solokan Cihéa tepi ka Cisokan, tapi lebeng teu aya saurang urang acan anu nyarioskeun yén di dinya aya patilasan jaman Pajajaran. Kawasna ku orang dinya mah éta patilasan téh teu dipikaanéh, anu matak tara dipaké omong.

Dina taun 1920, kabeneran kuring kudu ngabersihan torowongan solokan Cihéa ti K.M.O., nepi ka K.M. 1.200. Di palebah K.M. 1.100 sabot keur ngaso, bari ngiuhan handapeun caringi, kuring ningal aya dua kuta. Barang ditanyakeun ka kuli-kuli nu harita ngarariung di dinya, saha nu nyieun éta kuta, naha irigasi, naha keur ngamimitian digawé nyieun jalan Sukarama, atawa kumaha. Ari jawabna geus ti baheula, irigasi mah ngan nyieun jalan rondaan baé wungkul dina lolongkrangna antara kuta jeung kuta deui.

Tuluy éta jelema nyarita, yén di dinya téh baheulana mah urut karajaan, malah éta ogé “Bénténg” téh nya patilasan baheula. Ari rajana jenenganana Jaka Susuru, anu mawi éta tempat nelah nepi ka ayeuna Susuru.

Tapi barang disusul-susul éta jelema buntu kanyahona, ngan sakitu-kituna, ngan manéhna mere pituduh, yén kuring kudu naléngténg ka pantun, da ngan pantun anu pinyahoeun téh.

Di unggal pilemburan anu deukeut-deukeut ka dinya ku kuring ditatanyakeun sugan aya pantun anu nyaho lalakon Jaka Susuru, tapi weléh teu mendak. Karéréaanana mah pantun-pantun téh teu nyarahoeun lalakon Jaka Susuru mah, aya anu dikira pitabaheun kana lalakon éta, geus maot, ku muriang manawi.

Méh tétér tina nanya ka ieu ka ieu téh tu aya nu terang, aya oge saurang-saurangeun pantun anu nyaho saeutik-eutikeun, tapi cangcaya, tina caritana henteu leunjeuran.

Kaleresan basa kuring lalajo Kongres java-Instituut taun 1921 di Bandung kénging bongbolong yén Kuncén Cipanas deukeut Cisambeng di Rajamandala kacida tabahna kana carita-carita pantun, sarta pibisaeun nyaritakeun lalakon Jaka Susuru.

Kalawan pitulung juragan Camat Bojongpicung, kawadanaan Ciranjang, éta Kuncén Cisambeng disaur ka Kacamatan, disina nyaritakeun lalakon Jaka Susuru téa.

Ari caritaanana anu kakuping ku jisim kuring harita; kieu :

Jaka Susuru Raja Di Nagri Tanjung Singuru[edit]

Lalampahan Prabu Jaka Susuru nu ngadamel karaton di Tanjung Singuru, anu ayeuna kasebut Bobojong Cisuru, di désa Sukarama onderdistrict Bojong Picung district Ciranjang afdeeling Cianjur.

Ieu urut nagara tempatna santosa pisan ti kidul ti kulon jeung kalér dikurilingan ku cai ngaranna walungan Cisokan, sarta ti kidulna ngadingding gunung, disebutna gunung Cibulé, ari ti wétanna dihalangan ku bénténg 5 lapis, sarta ka wétanna pisan ngadingding gunung Payung. Nurutkeun caritaan urang kampung Ciséro nu ayana dina suku éta gunung, éta gunung Payung téh sanget, malah sok dipaké pamujaan sato héwan nu aya di dinya.

Ieu urut Tanjung Singuru di handapna dipaké torowongan solokan irrigatie, nu ayeuna caina dipaké nyaian sawah sajumblahna aya + 8.000 bau, éta téh nu kakurung ku solokan irrigatie wungkul.

Ajeuna urang nyairoskeun bab galurna lalampahan Prabu Jaka Susuru, putra Prabu Siliwangi Raja di nagri Pajajaran, nu ayeuna patilasanana aja di Bogor.

Bubukana[edit]

Sang Prabu Siliwangi ka 7 Raja di Pajajaran kagungan putra jenenganana Munding Mintra Kasiringan Wangi. Dina hiji mangsa magelaran di panca niti dideuheusan para Bopati, Patih, Mantri para Tumenggung. Sang Prabu Siliwangi ngadawuh ka sadayana Para Bopati, dawuhanana: “Kumaha hé para Bopati, Patih jeung Tumenggung, sa réh na kami kagungan putra pameget, nya ieu si ujang Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi, tacan kagungan garwa, tapi ku kami hayang dijenengkeun Bopati heula!” Piunjukna para Bopati sareng para Tumenggung ka Sang Prabu Siliwangi: “Éta mah sadaya-daya, henteu ngalalangkungan Kangjeng Gusti baé, menggah pijenengeunana putra Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna sang Prabu Siliwangi ngadangu piunjukna para Bopati jeung Tumenggung kitu, lajeng ngadawuh deui: “Ari mungguh kahajang kami sarta nurutkeun Gambar Pakuan Pajadajaran, pinagaraeunana teh ayana di tatar Alasan Pasagi wétan, ngan pingaraneunana nagara kumaha engké baé buktina,”

Sanggeusna Kangjeng Raja Siliwangi ngadawuh kitu, terus putrana Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, disaur, sarta didawuhan kudu ngamplang ngumbara ka tatar Alasan Pasagi Wétan, néangan pinagaraeun, sarta diréncangan ku dua Tumenggung, nja éta Dipati Tumenggung Séwana Giri, jeung Dipati Tumenggung Séwana guru, sarta dipasihan jimat Makuta Siger Kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar Lawé Domas Kinasihan. Saparantosna sadia lajeng Munding Mintra Kasiringan Wangi jeung Tumenggung Séwana Giri Séwana Guru angkat tiluan. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radén Munding Mintra sarta dua Tumenggung lirén di dinya, pok mariksa ka Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, kieu lahirna: “Hé, mang Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, boa-boa nya ieu pinagaraeun téh!” jawabna dua Tumenggung: “Sumuhun dawuh, émutan pun paman ogé kawas-kawas yaktos pisan ieu, pantes upami didamel nagara téh, margi palemahanana saé, tanah kalingkung ku gunung, bahé ngétan, nya nu kieu nu disebut Galudra ngupuk téh,” Tuluy Radén Munding Mintra neneda ka jimatna Makuta Siger Kancana, sarta neneda ka Déwa Batara Sanghiang Utipati. Dimakbul panedana, tuluy éta tanah dicipta, jleg jadi nagara, sarta maké bénténg 5 lapis, salapis bénténg beusi, salapis waja, parunggu, pérak, lapis nu pangjerona beusi purasani. Ti dinya neneda deui ka Déwa mundut pamuk 8.000, baladna 80.000, badégan sawidak lima nu purah ngurus di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawuh eusi nagara, tuluy Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi barempug jeung Tumenggung Séwana Giri, Séwana Guru, baris nangtukeun pingaraneunana éta nagara. Tapi dijawab ku Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri: “O, Radén, perkawis pingaraneunana ieu nagara, ulah ngaborongkeun rama baé, Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung saé abdi baé utus ka Pajajaran ngadeuheus ka Gusti”. Nya tuluy Radén Munding Mintra ngarempugan. Ti dinya lajeng Tumenggung Séwana Guru angkat séja ngadeuheus ka kangjeng Prabu Siliwangi. Teu kacarios di jalanna, parantos sumping ka nagara, lajeng marek ka Kangjeng Prabu Siliwangi, sarta terus unjukan yén dipiwarang ku putrana nyuhunkeun pingaraneunana éta nagara, wiréh saniskanten parantos sayagi, henteu acan dingaranan.

Dawuhan Kangjeng Prabu Siliwangi: “Ari pingaraneunana éta nagara kudu Tanjung Singuru”. Ti dinya Tumenggung Séwana Guru amit mulang, parantos dongkap ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Munding Mintra Kasiringan Wangi: “Kumaha dawuhanana Gusti Prabu Siliwangi?” Tuluy diunjukkeun ku Tumenggung Séwana Guru, yén dawuhanana pingaraneun éta nagara téh kudu Tanjung Singuru, sarta raja kudu gentos jeneng, Prabu Jaka Susuru”. Saur Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi: “O, atuh nuhun, yén ayeuna nagara geus aya angaranna, sarta kami digentos jenengan, ngan hanjakal baé acan boga pawarang. Ari ayeuna saha deui nu baris pibelaeun, kajabi ti mamang dipati, ayeuna diperih pati, kudu neangan Putri keur baris pawarang”. Saur Tumenggung Séwana Guru: “Mangga abdi ayeuna mendak wartos, aya mojang di nagara Bitung Wulung, putra Tumenggung Bitung wulung, Pangeran Jungjang Buana, jenenganana eta Putri nu hiji Sekar Jayanti, hiji deui Jayanti Kembang”. Saur Prabu Jaka Susuru: “O, atuh lamun kitu mah urang sakalian baé lamar, nyandak sakumaha adat biasa panglamar, keur ka Tumenggung Bitung wulung”. Ti dinya lajeng Patih angkat. Geus dongkap ka nagara Bitung wulung, kasondong Raja keur lenggah, tuluy Patih ngadeuheus, dipariksa ku Raja: “Ti mana sampéan, saha tuang kakasih jeung rék naon?” jawab Tumenggung Séwana Guru; “Numawi marek, ieu kuring téh Patih Tanjung Singuru, badé ngalamar, jadi utusan Ratu. Kumaha putra sampéan yaktos lagas kénéh? Upami lagas ayeuna disuhunkeun”. Saur Raja: “Bener kaula boga anak, tapi ku ieu ku ieu ogé dilamar teu dibikeun baé, ayeuna dipundut ku turunan Pakuan Pajajaran, Prabu Jaka Susuru, ari cara kaula mah ngan sambung dunga, sarta ulah dilila-lila, sabab Putri geus sawawa”. Saur Patih; “Upami kitu nuhun, malah ayeuna oge bade dibantun sakalian, supaya dinten ieu kasanggakeun ka Prabu Jaka Susuru”. Saur Raja Bitung wulung Jungjang Buwana: “Ih atuh ayeuna mah urang sakalian baé dianteurkeun ku kaula”. Ti dinya terus ararangkat, kocap geus sumping ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Prabu Jaka Susuru hasil henteuna. Patih lajeng unjukan yén hasil, malah kabantun, sarta disarengan ku ramana, sarta tuluy ku ramana dipasrahkeun ka Prabu Jaka Susuru, saurna: “Ajeuna mangga nyérénkeun, geus teu ngalalangkungan Prabu Jaka Susuru”. Tidinya ramana Putri mah amit mulih ka nagarana di Bitung wulung.

Kacarios Prabu Jaka Susuru, mundut kempelan sareng Dipati, para ponggawa sakabéh, badanten baris pésta réh parantos kagungan pawarang tacan dipéstakeun. Teu lami geus ger pésta ramé 7 poé 7 peuting.

Tunda sakedap lalakon Prabu Jaka Susuru, kocapkeun aya hiji nagara, nagara Gunung Gumuruh, jenengan Rajana Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta Raja teu kagungan garwa, ngan kagungan sadérék istri hiji jenengan Ratna Kembang Tan Gumilang.

Raja keur linggih di Paseban, ngadangu anu pésta di nagri Tanjung Singuru, tuluy nyaur raina nyai Putri Ratna Kembang: “Njai di mana éta nu pésta téh?”

Jawab Putri: “Éta nu pésta téh, di nagri Tanjung Singuru, Rajana keur oléng-pangantén jeung Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang”.

Saur Raja: “ O, atuh éta mah mojang kantanan akang ti baheula, éta Putri Sekar Jayanti téh bébéné akang. Coba nyai dagoan heula, ayeuna ku akang rék diiwat”.

Jawab raina: “Akang ulah, sabab éta mah pawarang Raja, najan akang weduk ogé moal mampuh, tangtu urang cilaka”.

“Ah keun baé ku akang rék direbut, moal beunang dicaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Prabu Jaka Susuro ku akang dék dilejokeun, ré dibobodo disebutkeun di kawah Domas aya inten gedéna sagedé énéng, sina dicarokot, sarta mun geus di jero kawah, pantona ku akang rék ditutup”.

Lajeng Raja Gunung Gumuruh angkat, geus sumping ka Tanjung Singuru, terus pamit neda eureun.

Katingali ku Raja Tanjung Singuru lajeng dipariksa: “Sampéan ti mana asal, sarta saha jenengan tara-tara ti sasari, kawas anu aja béja?”

Jawabna: “Leres akang téh Raja Gunung Gumuruh, nu mawi dongkap ka dieu, seja bakti nagri, nyanggakeun jelema, sareng inten buntet sagedé énéng, nu aya di kawah Domas: teu aya deui nu baris piiasaeun nyandak ngan rai, nu kagungan milik”.

Lajeng Raja Tanjung Singuru nyaur ka raina: “Kumaha Nyai éta urang ayeuna dibaktian nagri jeung intan, kumaha hadé

Jawab raina: “Entong raka, biheung teuing éta anu rék nganiaya ngagoda ngarancana ka urang, sareng ieu rai séjén raraosan, asa rék ngandeg”.

Tapi Patih Tumenggung Sewana Guru unjukan: “Moal saé nu bakti teu ditampi, ayeuna mah mangga baé urang angkat.”

Ti dinya lajeng arangkat Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri sareng Raja Panarak Jaya. Teu kocap di jalanna, geus sumping ka kawah Domas. Barang sumping lajeng Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Sewana Guru sarenga Sewana Giri narempo kana éta kawah.

Teu tata pasini deui ku Raja Gunung Gumuruh, éta nu tiluan téh ngan dijejekan baé digebruskeun kana kawah Domas. Barang geus tigubrag tiluanana, tuluy pantona ditutup ku batu wulung ku éta Raja Gunung Gumuruh. Éta ménak nu tiluan di jero dasar kawah Domas, terus tatapa, lamina kénging 30 taun.

Ti dinya Raja Gunung Gumuruh teras angkat ka nagara Tanjung Singguru, maksudna rék ngandih nagri. Barang sumping lajeng dipariksa ku Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang: “Raka, Raja Gunung Gumuruh, naha di mana kénéh ari Prabu Tanjung Singuru?”

Jawabna: “Nyai ayeuna entong nanyakeun Prabu Jaka Susuru, sabab ku akang enggeus di jerum, ayeuna mah carogé nyai téh nya akang pisan, sarta ieu nagara ku akan rék diandih.”

Jawab Putri: “Ah duka, sabab kuring mah moal pegat tuhu ka Prabu Jaka Susuru!”

Keukeuh Putri dipaksa, teras éta Putri mabur, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus jejeg 9 sasih, éta putri ngowo di tengah leuweung, putrana pameget sadaya, sarta dijenenganan éta murangkalih nu ti Sekar Jayanti Heulang-boengbang-legantara-lungguh-tapa-jaya-perang, ari nu ti Jayanti Kembang jenenganana Kebo Keremay Sakti Pangéran Giringsing Wayang. Éta murangkalih duwanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan.

Barang geus yuswa 10 taun éta marurangkalih sareng ibuna teras ngungsi ka nagara Tanjung Sumbara. Ari anu kagungan nagara éta. Gajah Karumasakti; ari garwana dua, jenengan Purba Déwata, Tarna Déwata. Barang sumping éta marurangkalih sareng ibu-ibuna ka payuneun Raja Gajah Karumasakti, dibagéakeun: “Oh sukur nuhun bagéa sumping, ieu téh nu ti mana, sarta turunan saha?”

Jawab Putri; “Upami Raja percanten, ieu pun anak, turunan Kangjeng Prabu Siliwangi, putra Prabu Jaka Susuru; ari kuring ibuna, nu mawi ka dieu seja nyuhunkeun tulung panggugahkeun Prabu Jaka Susuru, nu aya di jero dasar kawah Domas, dijerum ku Raja Gunung Gumuruh”.

Dawuhan Raja: “O nyai, hadé ku akang ditulungan. Ayeuna éta nagri Tanjung Singuru urang jieun lantaran, supaya kauninga ku Raja Gunung Gumuruh, éta nagri urang huru”.

Jawab Putri: “Saé, nanging muga énggal digugahkeun heula nu aya di dasar kawah”.

Lajeng Raja Karumasakti angkat, barang sumping ka Tanjung Singuru, teras éta nagri dihuru, seuneu muntab-muntab saeusi nagri budal ngalér ngétan ngidul ngulon, nagara burak-barik.

Jawabna: “Ieu nagara kula” Ceuk Raja Gunung Gumuruh; “Nu kula”.

Paaku-aku, tungtungna ger perang éta Raja Gajah Karumasakti jeung Gunung Gumuruh, ramé gelut ngadu kasaktén; tungtungna Raja Gunung Gumuruh kadéséh perangna, nepi ka taluk ka Raja Gajah Karumasakti

Ti dinya Raja Gajah Kaumahsakti nyaur: “Ayeuna manéh taluk, tapi kudu geuwat ngagugahkeun Prabu Jaka Susuru ti dasar kawah Domas”

Jawabna: “Mangga, tapi kedah sareng, sareng sampéan, urang ka kawah”.

Ti dinya lajeng arangkat, barang sumping kana kawah Domas, batu tutupna téa tuluy dijungkatkeun, béh kapendak éta nu tiluan téh, Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri, lajeng digugahkeun dihanjatkeun.

Éta Raja Gunung Gumuruh nyanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina urut waktu tadi sakitu ngaya-ngayana ka éta Prabu Jaka Susuru, sarta nagarana katut eusina dipasrahkeun rawuh sadérékna nu istri disanggakeun ka Prabu Jaka Susuru, supaya didamel pawarang. Satuluyna nagara Gunung Gumuruh kaparéntah ku Prabu Jaka Susuru.

Ti dinya lajeng Prabu Jaka Susuru angkat sareng putri sadérékna Raja Gunung Gumuruh ngabujeng ka nagara Tanjung Sumbara. Jadi tetepna Raja Prabu Jaka Susuru di nagara Tanjung Sumbara kagungan pawarang 3 putra 2 papatih 4 nya éta: 1. Tumenggung Séwana Guru 2. Tumenggung Séwana Giri 3. Tumenggung Gajah Karumasakti 4. Tumenggung Badak Tamela Sakti Panarak Jaya

Panalungtik[edit]

Saparantos jisim kuring terang lalakonna, nya ku jisim kuring kuta-kutana sareng Batujamban, nya éta anu baheulana tempat paranti siram urang karaton Tanjung Singuru téa, dipotrét. Malah Tuluy marios kaayaan urut karatonna, jalanna mapay-mapay jalan satapak, sasarengan sareng tuan Bakker guru ti Cianjur.

Tegal anu aya di tukangeun kuta bénténg téa, rada mayat, tapi di sababaraha tempat aya anu néplak datar. Tatangkalan anu galedé méh teu aya, manawi ditaluaran ku urang dinya. Di dinya kajabi ti kuburan kuli-kuli anu maraot basa keur nyieun torowongan solokan, kuring mendak kuburan baheula, anu nyangirahna henteu nurutkeun aturan islam, sareng leuwih paranjang batan astana séjén. Tapi ari batu-batu atawa témbokan mah anu pantes jadi ciri patilasan karaton henteu aya; ngan harita kuring mendak lulumpang batu alit sareng lakina (haluna) lonyod.

Saé pisan upami lolongkrang antawis kuta sareng kuta téa anu kapungkurna mah tangtos langkun jero, dikali; malahmandar mendak urut-urut baheula anu jadi katrangan anu leuwih tétéla kana ngadegna éta karaton.

Margi tangtos pisan baheula upami Tanjung Singuru aya anu ngarugrug, kuta bénténg téh dijagi ku soldadu, nya di dinya deui ngalawanna musuh téh, sareng moal boa réa anu maraot marawa pakarang. Upami tiasa mendakan pakarang-pakarangna tangtos kénging dianggo saksi geusan nangtoskeun jaman-jamanna ayana éta Karaton Tanjung Singuru.

Palemahanana ieu karaton alus pisan, ngongkang ka walungan Cisokan, anu baheulana mah tangtos pisan langkung lega, tur dipungkur diliungan ku gunung, gunung Cibulé sareng Kiara Payung, taya petana beunang direbut ku musuh, moal bisa éléh ku atah-atah. Anu ngarurug, nu rék ngajabel karaton, kurang-kurang togahana mah kawasna, moal baé kana bisa meunang téh.

Di peuntaseun Cisokan ogé Beulah katuhu, caket kampung Cibulé, aya deui kuta bénténg, dua.

Di Gunung Kiara Payung dugi ka ayeuna aya kénéh hiji tangkal kiara anu puncakna ngarandakah sapertos payung. Di dinya aya pajaratan, numutkeun carios urang dinya sanget, malah sok dianggo pamujaan ku sato héwan leuweung dina unggal sasih Mulud.

Ari urut alun-aluna anu nelah di sebat alun-alun “Séwu Cengkal”, datar neplak pisan, sakurilingna tegal baé, pernahna kacida saéna, pikabetaheun.

Numutkeun babad sareng Serat Kanda Majapahit tingali Pararaton (Kén Arok) anu dikaluarkeun ku Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, jilid LXII citakan ka 2 kénging Dr. N.J. Krom kaca 110,111,203,216,217,218 sareng 223. Jaka Susuru atanapi Susuruh téh, anu mimiti ngadegkeun karajaan Majapahit, sarta nya anjeunna anu mimiti jumeneng raja kakasihna Raja Brawijaya ka Hiji ngeréh Jawa Kulon sareng Jawa Wétan.

Upami diparios ku Oudheidkundige Dienst tangtos bakal seuseur deui kaanehanana.

Rd. W i j a y a /

Jaka Susuru ( Dididik oleh oleh Erlangga sebagai wali nagara ) /

Rakeyan Banyak Citra ( Batu Raden Purwokerto ) /

Hibarbuana Tajimalela ( Misi Mendirikan Sumedanglarang ) /

Prabu Wijaya Kusumah ( Gelar Tertinggi dlm. Ketatanegaraan Pajajaran Nagara / Jawa Dwipa )/

Kartarajasa Nagara

( Raja Majapahit I th. 1293-1309 ) /

Raja Medang Kemulan di Jawa Pawatan ( Hujung Galuh ) /

Raja Agung Sumedang Larang